Sempalan tina Gending Karasmen.
Sang Kuriang
(adegan panutup)
Lalakon kadua : di tempat rata tur lega. Sang Kuriang ngagusur parahu nu geus meh anggeus. Tuluy dideker dianggeuskeun.
SANG KURIANG
Tengah peuting banting tulang meres kesang
Teu panasaran teu sing
Sabab isuk beurang
Di satangkarak jagat
Mo aya deui lalaki
Rajaning bagja,
Salian ti nya aing !
Tangah peuting banting tulang meres kesang,
Lain peta teu eling,
Tapi keur nyumponan
Pameredih sorangan
Ngayakeun jirim keur bukti
Jen nu wisesa
Teu lian ti nya aing !
Tah , Raja Siluman ka dieu,
Tangtu mawa beja pikabungaheun !
Raja Siluman jeung sapangiringna daratang.
SANG KURIANG :
Kumaha bejana ?
Geus nepi ka mana ?
RAJA SILUMAN :
Citarum enggeus dibendung,
Caina enggeus kakurung ;
Ayeuna nuju lebleban
Mo kungsi lila nungguan
Talaga pasti ngajadi.
SANG KURIANG :
Pasti ?
RAJA SILUMAN :
Mun henteu pasti,
Tong teuing kula disebut Siluman Sakti !
SANG KURIANG :
Parahu pasti ngabukti !
RAJA SILUMAN :
Talaga pasti nmgajadi.
PARA SILUMAN :
Pasti bakal tinekanan,
Laksana nya cita-cita !
RAJA SILUMAN :
Saha nu teu silo ku pageto ?
SANG KURIANG :
Bakal nmyandingkeun nu donto ?
PARA SILUMAN :
Sang Kuriang !
RAJA SILUMAN :
Saha manusa bebas merdeka ?
SANG KURIANG :
Ngawangun sanggeus ngarakrak ?
Para SILUMAN :
Sang Kuriang !
Sang KURIANG :
Saha manusa nu linuwih ?
PARA SILUMAN :
Umaku asal sakabeh ?
PARA SILUMAN :
Sang Kuriang ! Sang Kuriang !
Taya dua di sajagat !
Sang KURIANG :
Tapi sanggeusna digumbirakeun,
Ku talaga, karek beja,
Saayeuna kula haying digumbirakeun
ku talaga anu sanyata-nyatana.
RAJA SILUMAN :
Nya hayu urang buktikeun,
Sidikkeun bari nyakinkeun !
KABEH (bari terus turun) :
Saha nu teu siloku pageto,
Bakal nyandingkeun nu donto ?
Sang Kuriang !
Saha manusa bebas merdeka,
Ngawangun sangeus ngarakrak ?
Sang Kuriang !
Saha manusa nu linuwih,
Umaku asal sakabeh ?
Sang Kuriang ! Sang Kuriang !
Taya dua di sajagat !
Teu lila kurunyung Dayang Sumbi dating diiring ku gandek.
DAYANG SUMBI :
Kutan kieu hasil gawe anak aing
Keur angkeuhan isuk beurang
Lalayaran pangantenan ?
He, parahu !
Bongan andika dijirimkeun ku nu gundam,
Isuk ge mo bakal ngangkleung. Nya bakal ngimpi saendeng-endeng !
GANDEK :
Kuring mah teu weleh risi,
Teu weleh rempan salempang,
DAYANG SUMBI :
Naha risi, naha rempan,
Miheueuh kararasaan ?
Nu pangeling-ngelingna manusa,
Nya nu eling yen keur ngimpi,
Nu pangawas-awasna manusa,
Nya nu pasrah ka Nu Wasa.
Mungguh keur kula,
Kajeun ajur tutumpuran,
Tibatan jeung kudu pasrah
Sumerah ka nu teu enya.
GANDEK :
Mun dunungan gilig kitu,
Leungit risi timbul keueung ;
Asa bakal cuang cieung.
DAYANG SUMBI :
Aeh , bet kateterusan
Ngagugulung rarasaan
Hau anggur urang nyumput,
Bisi kaburu katohyan.
Duanana tarurun
Teu lila jol Sangkuriang dating, ngahanca deui pagawean.
SANG KURIANG:
Tengah peuting banting tulang meres kesang,
Teu panasaran teu sing,
Sabab isuk beurang
Di satangkarak jagat
Mo aya dua lalaki
Rajaning bagja
Salian nya aing !
Tengah peuting banting tulang meres kesang,
Lain peta teu eling
Tapi keur nyumponan
Pameredih sorangan
Ngayakeun jirim keur bukti,
Yen nu wisesa
Teu lian ti nya aing !
Di kajauhan katinggal aya cahaya hibar marakbak,
Dayang Sumbi jeung gandek dating nyampeurkeun.
DAYANG SUMBI :
Sang Kuriang !
Sing wayahna
Cape gawe teu kapake,
Oleng panganten teu tulus,
Lalayaran dibedokeun
Tuh, balebat geus marakbak,
Cirri wanci enggeus beurang ;
Andika nya kabeurangan.
DUAAN JEUNG GANEK :
Jalilr janji, sulaya tina subaya !
SANG KURIANG :
Wayah kieu geus balebat ?
Mustahil, teu bias jadi !
(nyepak parahu nepi ka nangkkub)
Naha saha mangkelukna
Nu geus wani ngabobodo ?
He para siluman
Di marana andika ?
RAJA SILUMAN :
(datang katut pangiringna )
Yeuh ieu !
Tembong soteh ka Andika
Nu sejen mah teu engeuheun.
SANG KURIANG :
Tuh ilikan nu marakbak !
Di enyana geus balebat,
Ku kasakten Dayang Sumbi,
Mana perjanjian tadi
Majar maneh rek nulungan
Miceun halangan harungan ?
RAJA SILUMAN :
Aeh aeh, naha silo
Kabobodo ku panenjo ?
Balebat ti mana horeng ?
Kapan sakuriling bungking
Masih keneh poek mongkleng
Ciri wanci tengah peuting !
Andika teu jalir janji, tapi sidik di bobodo
Sabab itu nu marakbak
Eta mah lain balebat.
KABEH SILUMAN :
Eta mah leuweung di huru
SANG KURIANG :
Bet ku ngalalakianan
Mangkeluk nu mngabohongna !
Dayang Sumbi !
Curang the bet kaleuwihan
Ngaenyakeun kanmu lain,
Ngabobodo lakar daek,
Kawas kanu rodek hulu !
DAYANG SUMBI :
Sang Kuriang !
Sing eling !
Itu nu hibar marakbak,
Eta the sidik balebat !
SANG KURIANG :
Lain !
DAYANG SUMBI :
Hibar lain sahibarna.
Hibar kersaning Dewata,
Nitah eling geura nyaring
Ngeureunan gawe nu peuting.
SANGKURIANG :
Ah, bet teu kapalang ngabohong,
Abong letah teu tulangan !
Na naon ari Dewata,
Mun didieu nyao teuing !
Dayang Sumbi !
Mangka waspada,
Yen mungguh keur kula !
Taya Dewata
Salian ti nya kula !
Ku kituna,
Demi kula nu kawasa,
Ulah sambat kaniaya,
Bongan andika geus daek,
Wuri-wuri ngaheureuyan
Ngabobodo nincak hulu,
Ayeuna daek teu daek
Rek dipaksa dipigarwa !
DAYANG SUMBI :
Aeh, Sang Kuriang !
SANG KURIANG :
Tong sok nolak !
DAYANG SUMBI :
Sang Kuriang !
SANGKURIANG :
Tong rek lumpat !
Para SILUMAN :
Tewak ! Beunangkeun !
Tewak ! Beunangkeun !
Tewak ! Beunangkeun !
DAYANG SUMBI : (nyabut kujang )
Ieu kujang
Congona nunjuk ka kula,
Mun andika kumawani
Ngagadabah awak kula
Batan hasil kalah tinemu hanjakal.
SANGKURIANG :
Dayang Sumbi !
Tong cetaan boga angkeuh
Andika kawasa mutuskeun
Sok dieukeun eta kujang
Tong nungu direbut heula !
DAYANG SUMBI :
Sang Kuriang !
Geus kersaning nu Kawasa,
Ieu kujang
Sakali dicekel ku leungeun kula
Mo bakal lepot ti leungeun kula.
SANG KURIANG :
Mun andika teuas kitu,
Geus kersaning kula,
Sakala maju
Kula ge nya cadu mundur !
(maju rek n garebut kujang )
PARA SILUMAN :
Dirgahayu Sang Kuriang !
DAYANG SUMBI : (nubles maneh )
Duh nu agung !
Kuring pasrah saayeuna,
Sang Kuriang !
Anaking , geura eling !
GANDEK :
Duh, nyai !
Para SILUMAN :
Hurseh ! getih geus ngallumprah !
Getih beuereum ! Getih baseuh !
Nyawa geus paragat !
Bangke geus ngajepat !
SANG KURIANG :
Repeh !
Ieu mayit ngomong keneh
Keur ngabela kayakinan
Manehna geus wani nyokot putusan
Nu nangtang.
Tinggal kula
Ngajawab pantangan ku putusan
Nu nganggeuskeun
(nyokot kujang)
RAJA SILUMAN :
Sang Kuriang !
SANG KURIANG :
Kukituna,
Mun manehna geus wani nemahan pati
Alatan aya nu dipercaya
Kula saayeuna
Rek nutup ieu lalakon,
Rek nutup ieu sakabeh
Ku jalan ngeuweuhkeun maneh
Demi kawasa sorangan.
Kabeh SILUMAN :
Sang Kuriang !
SANG KURIANG : (nubles maneh )
Dayang Sumbi !Ku jalan kieu,
Kamana andika nyingkah,
Nya kadinya kula nyungsi.
RAJA SILUMAN :
Tungtungna bet jadi bangke
Alatan bangke papada jalma
Para SILUMAN :Nu sedih nya urang-urang keneh
Geus manutan bebeakan,
RAJA SILUMAN :
Hayu urang taringgalkeun
Keur naon didieu oge !.
Raja Siluman jeung sapangiringna tarurun .
GANDEK :
Kutan kieu wekasanana :
Duanana jucung henteu tanggung.
Tinggal aing anu cuang –cieung
Sararedih karareueung.
Ardalepa jeung saparakanca daratang .
ARDALEPA :
Euleuh duanana geus disirnakeun.
BARENG :
Bongan urang
Geus siduru tengah peuting,
Nya sasatna urang,
Nu namatkeun duanana.
ARDALEPA :
Naon nu tamat ?
Di heueuhna rumasa namatkeun,
Nya kudu dituluykeun
Mayitna dipulasara
Luangna di palihara,
Keur kundangeun picontoeun.
KABEH : (bari turun ngagotong mayit)
Nu gorengna keur teundeuneun,
Nu hadean keun bawaeun
Keur bekel enggon nuluykeun
Nuluykeun nu geus ninggalkeun. Cag
Katerangan :
Dilahirkeun di Cianjur 13 Mei 1920. Sanggeus namatkeun Taman Dewasa di Bandung, tuluy digawe di sababaraha kantor, antarana di Balekota jeung di seksi Basa Sunda, Jawatan Kabudayaan Kementrian P.P.& K. Geus nyorang ka luar negeri taun 1957 ka Tiongkok, taun 1958 jka Rusia, taun 1961 ka Jepang.
Ti mimiti sakola keneh geus resep kana kurang-karang. Dina taun 1938 nulis Mahala Bapa jeung Tambera anu sanggeusna dimuat dina suratkabar sacara feuilletone, Tambera mah malah duibukukeun.
Nulis keur sandiwara : Bunga Rumah Makan, Awal dan mira, Manusa Iseng, Sayang Ada Orang Lain, Dilangit Ada Bintang, Dimuka Kaca, Pengakuan sangkuriang. Nepoi ka ayeuna manehna dianggap pangarang drama Indonesia pangkuatna. Dina taun 1952 meunang hadiah Bada Musawarah Kebudayaan Nasional pikeun drama Awal Dan Mira. Taun 57/58 meunang deui hadiah BMKM pikeun drama Saat yangGenting.
Sabada perang, Tambera anu tadina dina bahasa Suinda the ditulis deui dina basa Indonesia, diklaluarkeun ku Bale Pustaka dina taun 1948 sarta salah sahiji roman Indonesia anu panghadena.
Dina basa Sunda kajaba ti nulis sajak, carpon jeung drama, oge nulis esey, babakuna anu nyukcruk kakayaan batin ki Sunda buhun, antarana studina ngeunaan sang Kuring jeung Si Kabayan, orisinil pisan.
Sawantara karyana, geus disalin kana basa Rusia (Bunga rumah Makan jeung Si Kabayan) basa Tionghoa ( Bunga Rumah Makan, Tambera jeung Di langit ada Bintang) cag
Tidak ada komentar:
Posting Komentar