Rabu, 25 Maret 2009

Sampurasun.......... Bagea Baraya !!

Lengkah munggaran dina muka lawang, sim kuring bade kumawantun ngawanohkeun sajak-sajak Sunda karyana para pangarang Sunda jaman taun opat puluh limaan sareng pangarang Sunda entragan anyar, dicandak ti perpustakaan Sunda atanapi anu langsung ngintun ka redaksi . Oge diselipkeun ngeunaan sajarah Sunda, sok sanaos mung garis badagna wungkul. Lengkepna mah tiasa nyumpingan Majalah Basa Sunda SALAKA Online (www.salaka.net)
Atuh kanu pakuat-pakait sareng sajak-sajak anu dimuat di ieu Blog ulah rengat galih, margi sim kuring ngawanohkeun ieu sajak gaduh maksad hoyong ngamumule basa sareng sastra Sunda anu sasatna geus kari tulang talengna. Anu kacida matak nyerina, Sunda entragan anyar boh barudak, boh rumaja siga anu geus teu bareukieun kana basa Sunda teh. Padahal basa Sunda ku batur mah (panaliti basa) basa anu pangendahna katilu sa dunya. Tapi kanyataanana, basa Sunda hirup teu neut paeh teu hos, nguriang di tanah angar.
Pamungkas, kugelarna ieu Blog sing jadi kareueus numbas papagon ; leungit basana, leungit bangsana, hamo ulah kaalaman. Dina harti basa jeung etnis Sunda angger ngalagena dina peta Bhineka Tunggal Ika. Cag.

Cobi ieu aos : sajak tina Dangdanggula Laut Kidul karyana Kalipah Apo ( R.H.Muhammad Sueb) anu dimuat dina Kanjutkundang.

Wantu-wantu sindir mah sindir,
wantu-wantu basa mah sabasa,
ngan beda nu kapiraos,
catur ki juru pantun,
juru pantun anu berbudi,
pantun ti Pajajaran,
nu ti kun payakun,
nyaos pieusieunana,
sindir hiji di mana waliwis mandi,
mandi di pangguyangan.

Pangguyangan-pangguyangan kuring,
pangguyangan-pangguyangan urang,
urang nu keur ngalun,
lalakon nu keur ngalun,
pada-pada boga pamanggih,
pada boga carita,
pada boga galur,
gok amprok jeung sasamana,
mararantun aya nu pait nu amis,
baralik kari ngaran. Cag.

----------------------------------------------------------------------------------
Hiji deui sempalan sajak Kang Jus Rusamsi nu aya dina fauzisalaka.blogspot.com (mangga geura buka) :

..................................tapi kiwari
deudeuh teuing Bandung kuring
kadatangan nu baredang
kaimpungan nu umaing
nu ti alas nu ti peuntas
nu asli nyigi (nyedek) nyarisi
hiji tantangan nu narajang.

-----------------------------------------------------------------------------------


Bilih para wargi, Bapa sareng Ibu,Teteh sareng Aa, Ujang sareng Nyai bade ngintun SAJAK, mangga diantos. Tong hilap alamat bumina, pami gaduh sareng surelekna.
Kintunkeun bae ngalangkungan surelek (email) :
suparyatfauzi@ymail.com


Sim Kuring :
Kang Fauzi
Ti kampung bau lisung,
sarakan di Majalaya mung ayeuna nganjrek di Bandung
Mangga atuh linggih ka saung butut. Diantos !


Diantos pisan kintunan sajak-sajakna.Hatur nuhun
---------------------------------------------------------------------------------






WANGSIT SILIWANGI

"Pun sadu sadat Sunda
Twan katata twan katepi

Selam larang tan kasarang
Tan urang
haji pakuan "

Hartosna :
Urang pada-pada Sunda, saadat, sagurat,sakokocoran, saturunan (ulah parasea)

Teangan elmu nepi ka anggeus
Islam suci teu di carek
Keur urang nagara Pakuan.



PRASASTI KAWALI

"Nihan tanpa kawali nu siya mulia tanpa raja wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayu na kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala desa aya ma nu pa (n)deuri pakena dawe rahayu pakeun heubeul jaya di buana.
Aya ma nu ngeusi bhagya kawali bari pakena kereta bener pakeun na(n)jeur na juritan
"


foto Prasasti KAWALI kintunan : Moh.Asep Ramdan,S.pd
Hartosna (ku basa Indonesia we nya?)
"Yang bertapa di Kawali ini adalah yang mulia pertapa yang berbahagia prabu raja wastu yang bertahta di kota Kawali yang memperindah keraton surawisesa membuat parit keliling ibukota, mensejahterakan seluruh negeri. Semoga ada yang kemudian membiasakan diri berbuat kebajikan agar lama berjaya di dunia.
Semoga yang ada kemudian yang mengisi negeri Kawali dengan kebahagiaan, membiasakan berbuat kesejahteraan sejati agar tetap unggul dalam perang." (kropak 632 dan 630 lembar 26 dan 27 dengan bahasa Sunda Kuno di Museum pusat Jakarta)


SUMPAH BUBAT

"Niham ta wuwusna rudiarana iking Bhubat sabha,namung ka satrya Sunda tan atemahan ring nagara pada jaya mami"


Hartosna : Najan Banjir getih, bedah di Palagan Bubat, cadu ksatrya Sunda ancur ajen diri di lemah cai sorangan."



Seratan dina Batu Tulis BOGOR sareng hartosna, tiasa dipilari di kaca sanes.
----------------------------------------------------------------------------------
Karaja
an-karajaan di Jawa Barat anu merentah leuwih 100 taun ngan aya 2 (dua) nyaeta : Prabu Darmasiksa (akina Raden Wijaya, anu ngadegkeun Majapahit) salila 122 taun ( 1175 - 1297 M) jeung Wastukancana salila ampir 104 taun ( 103 tahun 6 bulan 15 poe ) ti taun 1371 - 1475 M. Cag
----------------------------------------------------------------------------------
Mangga pilari di kaca sanesna ngeunaan : Perang BUBAT,Prabu Siliwangi, Baduy, Aksara Sunda, AKI TIREM sareng nu sanesna. Palih katuhu tiasa dibuka dina Daftar Eusi !!! Hatur nuhun.

Upami para wargi gaduh peperenian sajak-sajak parasepuh urang, mangga kintun ka redaksi ngalangkungan surelek (e-mail) di luhur.Tong hilap sebatkeun jenengan anu jelas, surelek sareng padumukan. Hatur nuhun. Diantos !. cag.






PERYOGI KA UNINGA :

Parantos ditambih ku : Sajak Drs.Asep Idjuddin, sajak EDDY D ISKANDAR,sajak WAHYU WIBISANA, sajak KUSNADI (edi)PRAWIRA SUMANTRI (1958), KANG FAUZI II ( 2008), sajak DJALALUDIN RUMI ( 672 H - 1273 H), sajak ESON SUMARDI ( 1959).


Seuseueurna gambar dicandak tina :




@fauzisalaka.blogspot.com dipayungan ku Undang-undang Surelek (E-mail) fauzi@salaka.net - suparyatfauzi@ymail.com HP : 08112229522


Powered By Blogger