Rabu, 07 Januari 2009

SAJAK SAJAK ATI WR

Sakadar Katineung
keur prajurit nu henteu di kenal


Sumawur eros malati
mayak bodas tandaning suci
sumebar nyambuang wangi
keur anjeun, pahlawan
sakadar tanda katineung

Peledug dupa
haseupna mumbul
hate jumerit ngado'a
mugia aranjeun
ditampi Gusti di alam langgeng

Duh, angin, pangnepikeun
seungit dupa jeung malati
pinuhan kuburan sepi
taya padung taya ciri
taya papan tempat ngaran

Raga anjeun ayeuna
tinggal tulang-tulang pabalatak
sumebar di bumi Pertiwi
boh tilem di dasar sagara
atawa ancur mengrupa lebu

Tapi , ieu leungeun teu wasa
diobahkeun, pikeun nyoretkeun aksara
reh anjeun pahlawan
prajurit henteu dikenal
tanpa ngaran

Ieu biwir teu wasa
ngahudang sora,ngucapkeun puja
reh anjeun pahlawan
prajurit henteu dikenal
tanpa ngaran

Nu wasa anging angin
nu mangnepikeun
harewosna du'a jeung katineung
keur anjeun
pahlawan tanpa ngaran

Duh, angin tepikeun
tepikeun ieu
seungitna dupa jeung malati.


Mieling 23 Januari 1950-1953
Tina majalah Sunda no.2 th.II
30 Januari 1953



Catetan Poean

Ka : Mojang taun '33

Catetan po
ean
lambaran ka hiji pinuh ku......
kembang jeung sinar panonpoe
tiiran gam
bir pacampur tanjung
jeung ulin ayang-ayanggung

Kaca tilu ngan wungkul lagu
lagu parawan dipayung layung
mun warna paul jeung beureum
parebut tempat di langit kulon


Parawan nembang lagu cinta
lagu Sunda mawa wirahma
ngawur rasa asih jeung kanyaah
thema heu
beul jeung
illusie barudak ngora

Kaca saratus emblog-emblogan
tapak kesang jeung cipanon
kaburu surya tunggang gunung
peuting datang mun bentang baranang

Ieu lagu sakeudeung deui beak
mun sora geus pegat-pegat
jeun
g ngiles kabawa angin
mawa lamunan jeung cita-cita
kapeuntas ku beh dituna

Bagian kahiji poe teu tamat
mun kaca panganggeusan geus pinuh
jeung kecap pileuleuyan geus kedal
jajaran panungtung ditutup ku titik

Di tengah-tengah
antara keretas jeung keretas
eros beureum ta
un '50 garing
ninggalkeun hapeuk jeung seungitna leleb
mawa pangeling-ngeling
jaman
gawe jeung cita-cita
menta korban.


dimuat dina Panghegar No.67 th. IV
17 Juni 1955



Katerangan :
Ngaran lengkep
na : Tina Rochiati Wiriaatmaja. Dilahirkeun di Bandung taun 1933. Pendidikan : B.I Sajarah, pacabakan Guru SGA I Bandung.
Nulis sajak jeung carpon dina majalah2 jeung harian Warga, Sipatahoenan,Tjandra jeung Sunda.


.............................................................................




Puluhan Raja-raja di SUNDA salila 14,5 abad ( 130 M – 1579 M) anu dianggap Istimewa husus ngan aya genep (6) raja nyaeta :


1. PURNAWARMAN (Tarumanagara)

- Nyieun aturan ka tatanagaraan
- Nyieun aturan katentaraan
- Ngomean saluran 8 walungan (Ciujung, Cisadane, Citarum,Manukrawa, Cimandiri,Ciliwung,Basgasari, Cipunagara) sapanjang 12 KM
- Nyieun Prasasti
- Rahayat bebas ngilu agama sejen
- Remen mere pakean jeung kadaharan ka Brahmana jeung rayat miskin.
- Minantu Sang Kudungga raja Kutai Bakulapura.
-
2. TARUSBAWA (Sunda)

- Ngaganti ngaran karajaan Tarumanagara jadi karajaan SUNDA (sok sanajan kudu ngaleupaskeun Galuh ti Tarumanagara)
- Mindahkeun Ibukota karajaan ti SUNDHAPURA (Bekasi) ka daerah Bogor (Batutulis).
- Nyieun Karaton SRI BHIMA PUNTA NARAYANA MANDURA SURADIPATI PAKUAN PAJAJARAN.
- Lanceuk sabrayna Sri Jayasana Raja SRI WIJAYA.

3. DARMASIKSA (Sunda)

- Marentah salila 122 taun
- Akina Raden Wijaya (nu ngadegkeun Majapahit)
- Narima sumpah Rd.Wijaya anu moal ngaganggu bhumi SUNDA.

4. MAHARAJA LINGGABUANA/PRABU WANGI (GALUH/KAWALI)

- Gugur di Palagan BUBAT
- Mere pamikiran ka karajaan lain supaya ngamerdekakeun diri ti Majapahit.
- Kasohor kusumpahna nyaeta SUMPAH BUBAT
- Teu mundur ti medan jurit. Gede wawanen.

5. WASTUKANCANA/PRABU WANGISUTA (SUNDA)

- Marentah salila 103 taun
- “Toleransi” kana ayana agama Islam, nepi ka anakbuahna Panglima Ceng-HO muka pasantren di Karawang, sarta adina asup Islam anu munggaran (Haji Purwa Galuh)
- Ngadidik sikap Profesionalisme
- Narima pameda (kritik).

6. SRI BADUGA MAHARAJA/SILIWANGI (PAJAJARAN)

- Ngahijikeun SUNDA
- Nyieun Talaga RENA MAHAWIJAYA
- Ngabuka leuweung SAMIDA
- Ngomean karaton SRI BHIMA
- Toleran ka ISLAM (teu perang)
- Ngabebaskeun rahayatna nangtukeun sorangan pilihan agama.

Tah kitu panginten para wargi. Matak reueus janten urang SUNDA teh. Cag.


















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger