Jumat, 09 Januari 2009

Sajak Rohman Andayani RS

Bandung

Ngulibek di puseur dayeuh kalah kanceuh
reureuh handapeun tangkal nu iuh
lagu katiga ngeleper nyaab mapag langit
lengkahna anca dipirig sora tunggara
nepungan beungneut-beungeut heman marahmay
sugan jeung sugan aya nu nyemplekan rasa sodakoh

Basa ngarasakeun cangkeulna suku
mapay langit-langit bandung nu biru
heurin nempatkeun rasa nancepkeun sora kabbasan
hate ngageuri ku nu menta kaiklasan

Pan bandung nu urang
pan urang-urang bandung
saperti oge maranehna seke seler arandika
karep ngojayan kabagjaan di situ bandung
nu pinuh ku lauk jarah


Taya Nu Langgeng

Aing teh nya aing tea
hayang ngawisesa dunya langgeng
kir ligarna kembang unggal isuk
siga bulan, siga panonpor tawa angin

aing teh nya aing tea
nu ngawisesa dunya aing
najan bari taya nu langgeng
pada boga mangsa nu geus dipasinikeun
daek teu daek pasti datang
pasrah na lahunan anjeun-Na


Januari 1979


Langit

Langit rek runtuh manusa teu mikabutuh

Lemah rek ancur manusa sungkan dikubur

Jirim nu tetep satia naha kamalinaan

padahal panon poe isuk can tangtu mekarkeun kembang

kabeh di taman tawa layu mapag hibar layung

Ø nu miang ti heula

Ø nu datang sapandeuri

Ø nu saha deui mun teu nu anjeunNa

Langit rek runtuh manusa teu mikabutuh

Lemah rek ancur manusa sungkan di kubur

Ø Baeu, sagala mo burung disambat

Ø Baeu, kabehna yakin lir nyeuseup kembang

Ø Najan Takdir luhureun embun-embun.

Camara

daunna narunjuk jalan ka langit

akarna nyareceb nuduhkeun ka liang kubur

saurang ge taya nu ngarti

ngandung rewu rusiah

handapeun regang gararing.




Katerangan : Rohman Andayani RS antara taun 1970 - 1980-han loba ngarang sajak, carpon atawa tulisan lianna di koran-koran saperti di Pikiran Rakyat, Galura, Sipatahoenan Jeung Majalah Mangle. Taun 1982, sajakna meunang pangajen ti BKKNI. Kiwari Rohman anu pituin urang Bojongsoang , Dayeuhkolot Bandung, kalahiran t 3 Pebruari 1950, nyangking gawe jadi Kapala Sakola SD Dayeuhkolot 8 Kabupaten Bandung.











Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger