Jumat, 09 Januari 2009

Sajak-sajak Djodi Prihatna

M a n e h n a
(hiji carita ka babaturan nu saihwan)

duh ku manis imutna
leleb anteb, nurih ati nu ningali
ku panjang te
uing rambutna
ngagebay d
iuntun simpay
sorotna netra nu dua
ngaragragk
eun iman sakur nu micinta

kuring yak
in yen hamo aya tandingna
di dunya anu sakieu legana
ngan manehna, taya deui ngan manehna
jungjunan pangemat brangta

Kota Kembang, awal taun 1968



D u a
(keur adi-adi di Parahyangan nu endah)

dulur,
anjeun teu kudu honcewang, geusan nyanghareupan poe isukan
tong waleh samemeh eleh, ulah reureuh mun can paeh

kanyahokeun ku anjeun,
senang teh taya deui koncina, iwal ti diri sorangan
lamun b
isa muterna anjeun ka dinya
pasti engke ge pasti, pinanggih jeung kabagjaan

ngan mangkade masing inget, mun seug tujuan geus deukeut
kobong hate tanwande kebek kareueuk
pek piara saterusna, kajujuran kaadilan
jeun hareupeun kasorang suka jeung bagja
sabab ta teh lain bagja, tapina manggih cilaka
hempek bela satuluyna bebeneran
najan nyawang pibahyaeun
sab nu kitu lain bahya, tapi pinareng jeung bagja

tong nyoreang ka tukang anu bayeungyang
terus maju dulur, terus laju
mun pareng peunggas harepan, anggap pikeun pangalaman
bekel hirup, reuntaseun carita nu bakal datang.

Jaladri, tungtung taun 1979



Di dunya ngan sandiwara

lambak harepan salawasna umpal-umpalan
unggal wa
ktu teu kalarung
nyemprung, ngaberung
neumbag dada meulah jajantung

jungjunan, hirup teh lain ngan keur pangulinan
curak-curak senang-senang, bari teu nyaho ayana hate gudawang

hirup ukur sandiwara
sakapeung mindeng ngoletrak, ieu ati asa disasaak
sakapeung sok rajeun bedah, marudah, guligah
bareng jeung ngejatna sagala kasusah

najan kitu, enung,
mangkade mun nyawa geus sah ti dunya
bakal datang mangsa-mangsa balitungan, na poe nu pamustungan

sanggar pan
epen, 69


Balada dua manusa

adi,
direka ieu carita
pikeun tanda, kungsi hirupna dua manusa
nu lumaku sela-sela renghap dunya
nu harita hatena pinuh hariwang
nyanghareupan poe-poe poek caang
geus taya deui harepan, pikeun hirup pikahareupeun
langit teu weleh haleungheum

tapi nya adi,
samar-samar beulah wetan
kingkilaban, tu
h, nembongan
diiring haleuang adan, muji luhur ka Pangeran

dua manusa, nu taya lian ti urang
pada neuteup bijilna pajar gumilap
ayeuna hate-hatena kebek ku pangharepan
yen isukan pasti datang kabagjaan
dibarung ku kayakinan
engke deui gogoda geus tangtu sirna

Sarijadi, tungtung maret 2004



B a l e b a t

Subuh deui jungjunan duh subuh deui
dipapag haleuang adan
balebat mimiti carangcang caang
nimatna o, ieu hirup nuju ka alam gumawang
pikeun jalma nu taruhu kana tungtunan pangeran

Reureueuk na beungeut peuray
perbawana cahya pajar nu burahay
nafsu jahat sina ngejat
tina awak geus sumirat
hakeka
t sinar balebat

Bandung 65
(Tjampaka 16-II)



K a s i n g l a r
( Ka Kang Edo Suwondho, Jakarta)

Jalan nu kungsi disorang, samar-samar na kikisik nusa mayang
aya moja
ng mencrang lenjang, nyorangan
gugupay ngondang nu hayang diteang

Leumpang gancang nurutkeun pangwujuk napsu
duh kumaha behna nya diri mun seug lengkah terus laju ?
Kingkilaban nu nembongan, tuduh jalan nu ngingetan
sangkan diri aman teu kagendam setan

Jalan isukan ngagela
kuring sadar, lampah sasar
Kiwari komara minuhan dada
kembang taman kasawergan
mekar he
gar disiram tresna suminar

Tjampaka 20-II


H i j i P a m e n t a
(ka babaturan nu saihwan)

Dulur,
sela-sela rengkak renghapna dunya
sisi basisir lebah jojontorna
pangnyieunkeun pitempateun keur raga kuring nyangsaya
nu salawasna bakal imut ninggalkeun alam maya
sarta ngageubra sare salilana

Mun aya anu leungiteun sarta nanyakeun ka anjeun
tuduhkeun wae urutna nu tinggal taneuh nu beureum

Saterusna tuliskeun ieu puisi na tetenggerna:
Nya di dieu mulangna pamayang
mulang ti sagara katunggaraan
mulang ka alam kalanggengan
pikeun nyanghareupan balitungan

Mu
ara Karang ‘67

(balik tina latihan kamiliteran di muara karang, pasar ikan)



K u r i n g


Wujud kuring mah saukur
hiji ruruntuk nu geus lana
sarua kolotna jeung patung-patung bacacaran
sama sakali taya hargana
balarea ge hamo ngajenan

Tapi
keur manehna memang kuring taya pangaji
sabab pasti maranehna teu ngalarti
naon hartina puisi

Pikeun kuring
geus pasti taya bandingna
ieu kuring nu kuring teh
ngalendoan taneuh beureum nu kamari keri keneh
nyaaangan hieumna hate
dina taman kembang-kembang kahirupan

Bumi Siliwangi 81




Katerangan :
Kang Djodi teh salah saurang Pembina Pramuka di Kota Bandung. Anu sakaterang anjeunna Pimpinan Parusahaan Majalah Basa Sunda Salaka Onlione. Sering nulis di Mangle, Sipatahoenan jsj. Hoyong terang biodatana mah tiasa nyumpingan : Gladian Online ( http://www.jodigladian.blogspot.com/). Komo keur adi-adi Pramuka mah kacida pentingna.













Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger