(Katineung ti kuring keur kuring pedah mangkukna 6 Agustus ulang taun)
Rek ngeumbing-ngeumbing ka mendi
rek mu
rek nete da sieun semplek
rek nincak da sieun semplak
mundur jurang maju jungkrang
sagala lampah kapahung
katineung samar kasorang
Hayang nyorang nyanding peuting
lugina ngawasa beurang
sugema kuma ceuk hate
da hate tara kabandang
najan raga dipanjara
dikerem tur ditalikung
mo kahalang kumelendang
Tina Kanjut Kundang
dimuat dina Koran sunda Sipatahoenan No.176 th XXXVII
tgl. 8 Agustus 1959
Katerangan :
Olla S.Sumarnaputra katelah Mang Olla. dilahirkeun di Limbangan, Garut tanggal 6 Agustus 1929. Nuluykeun sakola ka Fak. Sastra & Filsafat Universitas Indonesia jurusan Purbakala meunang sababaraha taun, bari ngajar basa Sunda jeung sajarah kabudayaan di sababaraha SMA di Jakarta.
Terima kasih Pak
BalasHapusdi mana nya iasa maos bukuna karya Mang Olla teh, kayaning Rangga Malela jrrd
BalasHapus