Kamari panonpoe ceuleuyeu
dina sela-sela ramo halilmun
basa mega ngulisik
aya talatah geus busik
teu kungsi tibra
dina ranjang anginna

Gusti.
Sasemplek hate nu kungsi tutung
sujud bobodas rasa
bareng
jeung cihcir nurihan peuting
pan kungsi aya
soang bodas sasab satengah talaga
kawas rapuhna
jangjang japati
nu pateuh pangusap langit
Kiwari panonpoe ceuleuyeu
katuruban dosa
kana heherang panon
jeung gulubur tungtung catur
ting galejebur
Batu
Ngabayak jalan tincakeun
taringul
sawareh lanc

sawareh buleud
sawareh dempak jeung lukut
teu matak ngajalir janji
nu nguji
make timbang-panimbangan
moal bejad ku pangusap moal remuk ku pangjurung
tapi,
jutaan nu boboleh
pedah dirarawisan boeh
nu patelak
ukur rasa jeung rasa
kabeh ge kosong
taya nu miboga
iwal boga jatina boga
batu jatina batu.
Lagu
Lagu nu maneuh
maseuhan tutunggul
unggal renghapan
Lagu nu weuteuh
ngambah carita rebuan taun
can kungsi reureuh
mung sakali ngagalindeng
nanceb pageuh ku kadeudeuh

Lagu nu angger weuteuh
ngolesed teu dipalire
kasimbeuh geugeuleuh
bongan,diteang teu dipulang
dikirim teu diangkir
padahal
taya wirahma nu robah.
Katerangan :
Citraresmy pituin urang Ciwidey mangrupa pangarang entragan anyar, lahir 23 September 1984. Nyuprih elmu di SMK 13 (Kimia Analis) Bandung geus lulus diteruskeun ka perguruan tinggi. Mimiti nulis puisi taun 2000 anu dipidangkeun dina puisi Indonesia di H.U. Jawa Pos.Taun 2004 dipidanngkeun di Majalah SALAKA.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar