Senin, 02 Maret 2009

Sajak-sajak Wahyu Wibisana

Panyusul

Kuma akalna sangkan hate jadi simpe
sagala kenangan supaya musna ?
ulah digoda ka bungahan nu geus tega
liwat jeung mere tapak dina rasa

Kuma akalna sangkan kalbu ulah ngalagu ?
sagala lalakon nu geus kasorang
ulah mere sora kana jiwa anu lara
sanajan di pikangen ge taya gunana

Ahm ayeuna datang mangsana
- duh awak
balitungan ceda jeung dosa
na marengan suka-seuri baheula

Pileuleuyan.... Pileuleuyan !
ieu lagu nu panganggeusan
ka luar tina sungut nu geus bau
jeung badan nu leuleus-lesu

Rek paeh teu dina pangkuan kakasih
mun di leuweung lodaya bagianana
di muara buaya buaya ancoanana
di laut lauk hiu nu geus nunggu
nyasaak awak nepi ka beak
meakeun riwayat nu henteu kebat
rumasa bongan sorangan

Pileuleuyan....Pileuleuyan !
ieu lagu nu panganggeusan.

Tina Warga No.149
tanggal 22 September 1955




Papancen

Bisa jadi aya nu nanya
ka kuring majarkeun tega
ngan sabenerna dina cinta
kana rasa

Upama aya nu datang bari narajang
kuring hayang ngajak sasalaman
sakalian pileuleuyan
ieu lalakon geus tamat
kuring rek kebat
liwat !

Ayadeui hiji popotongan
nu muntangan
bari nyaritakeun deui dongengna
jeung ngalangkang
dina lensa mata palsu
saru

Ah, naon gunana setan ?
ieu jaman terus leumpang

Hiji-hijina kahayang
nu ku kuring rek dibadanan
bisa jadi keur manehna
hiji-hijina pacaduan.


Tina Panghegar No 15 th.IV
9 Desember 1955



Pangbalikan

Iuh-iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
dumeh hirup halabhab cinta
di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina hate ngawih deui

Iuh, iuh gunung kuring
nyata, nyata tanda tanda
ngabalungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rek surup
ka maranehna kuring rek balik
ka maranehna kuring rek pamit

Ciawang, 28 -7-'56

Tina Warga no.193
tgl. 22 Agustus 1956



Carita nu sarua

Peuting nu kuring beurang nu kuring
ngagilisir kana ati nu geus diajar ngarti
lewang jeung ludeung
melang jeung tega
taya bedana ti kiwari

Bentang nu datang bentang nu indit
sampurasun jeung pa,it kana ati
nu geus diajak ngarti

Kakasih jeung satru
betah jeung susah
taya bedana ti kamari

Hareup jeung tukang
nu enggeus jeung nu rek datang
kabeh saperti sasari, nu beda ngan nu can aya
jeung anu perlu diajar ngarti

Tina Warga no.209
Tgl. 19 Januari 1957



WAHYU WIBISANA dilahirkeun di Cisayong wewengkon Tasikmalaya tgl.19 Januari 1935.
Kungsi jadi guru di sawatara S.R di Singaparna jeung Bogor. Sanggeus lulus KL PSGA nuluykeun sakola ka BI basa Sunda. Tuluy pindah ka Fakultas Kaguruan Ilmu Pendidikan juirusan basa jeung sastra Sunda Universitas Padjadjaran , Bandung, kalawan meunang tugas belajar di kantorna , Jawatan Kabudayaan Departemen P.D.K Jawa Barat.
Dina taun 1957 jadi redaktur majalah Mangle, taun 1958 rewdaktur Kalawarta LBSS.
Mimiti nulis taun 1954 dina Warga, Sipatahoenan, Mangle Kalawarta. SAKAPEUNG make sandi asma Oey Haw, Dewi Sukesih jrrd.




Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger