Senin, 02 Maret 2009

SAJAK ESON SUMARDI

MUIH

Sora-sora jadi garing,
ngoleang kagedag gending
lain gending nyurup dangding,
gending aing jatining aing.

Rep sirep aing boga karep
muihkeun lamun tungtung pati
tis manitis di bumi tiis
nyukcruk asal balik asal.

Bandung, Oktober 1959
Tina Sipatahoenan No. 253 11 Nopember 1959





ANGIN PEUTING

Angin peuting nyungsi warti
lumpat kendor luar-leor
turun nanjak pul ampulan
nu kasampak ditoelan.

Angin peuting nyukcruk leuwi
mapay gawir nyorang pasir
ngoyag tangkal lenjang midang
nyipat tapak niir peuting.

Angin peuting ngaharewos
moro reuwas ka nu was-was
nyieun sieun nu teu ludeung
ngagebah nonjokan bayah

Angin peuting tigin jangji
lantaran bakti maranti
nembang kidung seuweu nagri
nganteur tibra urang sisi

Angin peuting nyirep diri
ngahudang sarwaning sari
sari pati ratu sari
megar hogar nyebar wangi

Angin peuting muru wanci
muru wates congo ati
paudag-udag jeung dulag
risi katangen balebat

Angin peuting ngiles pules
meuntas kota sewu desa
mekel kagandrung kapeurih
di leuwi digulung cai.


Bandung, Desember 1959
Sipatahoenan No. 292 , 30 Desember 195
9


Katerangan :
Dilahirkeun di Lemahabang, Wadas, Krawang, tanggal 27 Nopember 1937.
Sajak-sajak jeung carponna dimuat dina Sipatahoenan.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger