Senin, 02 Maret 2009

Sajak Eddy D.Iskandar

SUNDA ( keur Rahmat M Sas Karana)

Pancuran, pancuran kula
walungan, walungan kula
lautan-lautan kula

cikahuripan
awaking

Tanggal bagja tangkel tentrem
daun hirup daun hurip
sawah deudeuh sawah nyaah

sukma waluya
ngajega

Taneuh maneuh taneuh galeuh
jeg ajeg tohaga raga
dicangcang ku sora degung
ditenung ku sora degung
dielingan cianjuran

hung ahung
nganteng na jajantung


MASJID

digentraan sora adan
jul-jol nepungan
sujud ka pangkonan

teuing ku tentrem
manteng ka tangtungan
gumulung sarining wening
galindeng awqeuhan asih.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger