Selasa, 03 Maret 2009

SAJAK-SAJAK KANG FAUZI

DUNYA

Incu putu !!
regepkeun ku hidep
dunya geus kolot
awewe-lalaki ganti rupa !!

Incu Putu !!
nu ngaku nabi geus rea
pamingpin geus ngawisesa
laku jeung lampah patojaiah
ngan dunya jadi udagan

Incu putu !!
tempo jagat geus rarengat
gunung geus nyoara
tanda rek datang mangsa
moal lila kiamat !

Regepkeun ku hidep !!
ulah rek nurut ka nafsu
ulang ngaraja ka amarah
ku nafsu bakal kaduhung
ku amarah deukeut cilaka !

Geura sujud ka indung
geura hampura ka bapa
geura jeroan agama
mangsana bakal ka baca !

Majalaya, Juni 2008



NAPSU

Basa srengenge mimiti meletek
nafsu nyingraykeun ibun bajra
nu ngalimpudan eusi hate
ngawasa di alam dunya

Panonpoe geus manceran
hate masih nyarita
nafsu tetep ngawisesa
ngaduruwiksa !!

Ayeuna geus tunggang gunung
sadar kasalahan salaput sirah
tapakna natrat
Gusti, abdi banget ku kaduhung !!

Abdi pasrah sumalilah
bebendon ti Maha Suci
ka jalma nu gede dosa
mawa nafsu teu gumati


Bandung, juli 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger