Selasa, 03 Maret 2009

Sajak Kusnadi (Edi) Prawirasumantri

Sang Kuriang *)

I
Medal tengah leuweung luwang liwung
dipapag rampe jeung kembang
dianteur ku guruh curug
ditiir ku angin subuh

Sang Kuriang nyangkring getih
getih indung na jantungna
terah dewa swargaloka
Sang Kuriang mawa nafsu
napsu bapa na atina
rupa anjing sato hina

Cumeluk gunung ti tebeh kaler
Sang Kuriang anak setan
alungkeun ka caah walungan !
Gerona laut ti pakidulan
Sang Kuriang budak agung
geura gede geura jangkung !

II
Si Tumang perlaya ku leungeun anak
bongan dosa ka manusa
Dayang Sumbi wet kabobodo
nebus ucap sagawayah.

Sang kuriang ku indung ditundung
nya indit bareng jeung bulan
mungguh tutung pabeubeurang
mun peuting teu genah cicing

III
Kalunta-lunta ngubek buana
Sang Kuriang ayeuna mulang
ka lemah caina nya datang

Sang Kuriang puguh ge linglung
da leumpang teu eureun lempeng
majar deungeun nu puguh indung
anteb bogoh barang gok amprok

IV
Demi langit demi bumi
nu nyaksian kajadian
Sang Kuriang anak pituin
haram kuring kudu kawin !

Sang Kuring bedang demi sorga jeung naraka
demi sagala nu teu kadeuleu
Dayang Sumbi bagian kuring
sok abong henteu kacangking
najan sarat siga beurat
Citarum kudu dibendung

V
Sang Kuriang eleh geleng
puguh tipu majar pajar
Dayang Sumbi nu waspada
ngarasa atina lega
rek leupas tina cocoba

Wet lalaki tara kasor memeh wanci
pamohalan paneja henteu laksana

Dayang Sumbi jeung Sang Kuriang
pengkuh nu embung keukeuh nu hayang.

*)Keur ieu antologia dipigawe ku panyajakna (nu nyusun)




Sukabumi *)
(keur dida)

ketir nu hariring jero jantung padumukan
hirup jeung lastari balawiri tanpa ciri
ti jolongjong paninggaran ngarampa dada
ngusap mata ngembeng mili lantaran sasab.

duh lembur nu liwung nyanding wuyung
kawas hapa kateubeneran hirup kuring
nya pasrah pasrah ka saha, dida
kumelendang jalma diperih pati
poe rasa isuk jeung isuk

pagunungan nu simpe desa nu rehe
tapi kuring cinta ka manehna
mun girimis miripis di pipir kadenge
ragrag na congo ati pasosore
kuring deuk miang ngajugjug nu teu kateang

Tina kiwari No.6/7 Desember , 57/Januari 1958

*) Keur ieu antologia dipigawe mindo (revisi) ku panyajakna.


Dilahirkeun di Sukabumi tgl. 4 Pebruari 1934. Kungsi ngilu kulian tertulis Akademi Administrasi Daerah Swatantra ti Balai Kota Bandung. Kungsi digawe di N.V inport-eksport.
Mimiti resep tulas-tulis boh dina basa Sunda atawa Bah.Indonesia taun 1955. Kritik-kritikna dina basa Sunda kungsi dimuat di majalah Warga, Kiwari jst.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger