Rabu, 04 Maret 2009

SAJAK KARDJO WANGSAATMADJA

ROH

Jungjunan ! Cimata, taya guna, cimata
Ngaguyur gunung
Gunung kuburan

Jungjunan ! Ceurik, taya hartina, ceurik
Mareuman laku
Seuneuna nafsu

Jungjunan ! Jiga kakapalan
Lalayaran
Teu manggih labuan
Mangtaun-taun

Jungjunan ! Jiga kakapalan
Tue kamudian
Lalayaran
Teu puguh jalan.


Tina Warga No. 3 Agustus 1957





Pilar Japati

Pasosore japati ngajajar na pilar
Kalangkangna ragrag ka lemah : lapar
Ah, kamerdikaan teh lain deui jungjunan
Mun hirup saukur nunggu pangawur

Pasosore kalangkang ngarandung wuyung
Jangjangna beurat rek hiber
Ngaruyung na pilar-pilar pamager
Jadi hirup piaraan

Japati kaleungitan langit
Peujitna pilar
Kabebasan, kasieun modar

Japati ngajajar na pilar
Nunggu pangawur
Lenggut nundutan, kajongjonan.



Katerangan :

Dilahirkeun tanggal 24 April 1937 di Garut. Lulus B.I Basa Perancis taun 1959 di Jakarta. Kungsi ngawulang basa Perancis di SMA Kanisius, Jakarta, SMA Negri Ciamis. Nuluykeun sakola ka Fakultas Sastra Jurusan basa jeung sastra Perancis di UNPAD Bandung.
Nulis Sajak jeung Carpon dina basa Sunda jeung Indonesia. Karangan-karanganana dimuat dina Gelanggang Siasat, Kiwari, Wanita.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger