Senin, 09 Maret 2009

Asep Idjuddin

Rd.DEWI SARTIKA


Ngaharewos satengah riwan
Hawar-hawar lir midangdam
Antara percaya jeung henteu
Lamukan kaagungan jeung karancangna kayakinan
Malah panalek nu murudul
Naha enya kungsi ngacak-ngebur tatanduran?
Asa cangcaya da puguh keur talibra
Taya nu inget sasiki,
Jongjon dina aweuhan global jeung hedonis
Teu matak ngusikkeun kalakay
Mun lambaran kahayang datang neang kalangkang
Paselang rambat-kamalena wawanen jeung panapian
Lengkah teh teu kaur panceg
Pedah palataran robah jadi tegal ngahgar
Embel kawah ge milu baribin
Mopohokeun katineung nu kungsi manjing
Peuting eta beurang ieu
Sasaka ngulahek dina lahunan
Bongan curuk panunjukan kajabel murilitna peujit
Teu kabaca salaka kalinggamurda
Apan aweuhan katilep ku sora bom nu mahabu unggal juru
Tapak lacak nu tiheula di koreh ku tungtung irung
Nu nyampak ukur babancong nu geus dikuriling sepi
Tong boroning geprak, surak ge teu walakaya
Da nu di mumunggang kapireupeunan
Nu di landeuh kababuk tihul
Sumawonna nu ngarongheap susuluduk lir ngalindur
Tungtungna,
Nu aya ukur bangkarak,
Taya nu mirosea
Da geus kaleungitan jati.

(Mahabu moro julang ngaleupaskeun peusing
Kumaha pikahareupeun?)





TOTONDEN

K olot ulah miharep hayang dihormat ku anak
Pamingpin ulah mikahayang diajen rahayat
Pamajikan nu taat satia satuhu ukur beja dongeng
Apan tatakrama geus kaleled elmu pangaweruh
anting ku kamiskinan
Najan taya nu langgeng, tapi meungkeut kayakinan
Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat, ukur carita baheula
Duit duit jeung duit nu dipuja jeung dipuhit
Nepi ka ngabarak unggal lengkah doraka murba
Naon arep-arepkeuneun?
Basa paeh ,tatakrama ngabangkarak ,doraka jeung pamali bandana budak baheula
Teu modern, teu ilmiah,mun teu kakurung culangung
Teu demokratis teu modis mun teu satata jeung tangkal
Taktak luncat ngaluhuran sirah


Naha enya letah bisa katitipan jati?
Payu keneh kitu ayat-ayat langit dina alam nu sengit?
Atawa ukur lalambe keur ngala duit?
Ti poe ka poe
Ray beurang reup peuting
Rup ku padung rap ku lemah
Tanah janah ngambang di awang-awang
Tunggul jeung sirung
Tutung
Dina bangbarung
(Totonden piucutaneun?)




TALEOT

Sorana angger ngageuri lir Jayanti mipir peuting
Wangunna taya nu robah iwal biwir jeung ramo nu geus papisah
Tarompet geus maluguran
Kapiteskeun galura clarinet
Taleot ngaraja sawah
Leuwih tiheula beungbeung kaidek pabrik jeung mall
Dibawa nganjang kana jajaran hareup, horeng merod mudun ka burih subuh
Karinding nu kamari nyaring
Ngingkig ngabirigidig kajiwir angin pandeuri
Naon nu rek diasongkeun
Naon nu rek disuguhkeun
Da puguh taya nu nyesa
Taya sakalieun ubar
Dogdog reog kaberod ku bedong kopong
Calung angklung mangprung ka sampiung
Gondang jongjang mayang jeung tampele tanpa gedang
Sagala karasa hareudang bayeungyang taya kabetah
Karebut ku dangdut, karampog ku rocki
Katalimbeng angen-angen nu ngagajlok ka mangsa engke
Taleot peot ngulahek
Ngagubrag ka jungkrang tina eundeuk-eundeuk cang lagoni.






JALEULEU

Nu kungsi ngengklak ka bawa rayak-rayak
Kurung hayam tina lisung
Nyurungkuy mupuhu kidung
Ngadulungsung bangun teuneung teu kabendung
Nu ngagoak lebah lawang
Ngarongkong totopong ranggon
Budak angon nu ngelak di bubulak
Nangkarak teu walakaya
Ja heueuh jalu
Ganti wayah ganti lengkah
Kolu pindah pileumpangan
Tulaktuja meupeuskeun gog
Seureuh leuweung meuweuh keueung
Songsong ngiles ngontrog ucing
Ngek jeung bay ngajengkang di balandongan
Imah ngambang di lautan
Narucing ka puhu bitis
Budak leutik ngambay peujit
Kateguh jumarum kuning
Jaleuleu keudeu aweuhan
Urang lembur katalimbeng
Caang bulang jadi matak
Nongerak
Ruksak ku lampah.





KEUYANG

Basisir bodas ngaprak lamunan
Penyu nyumput nyuhun jukut
Lebah lambak ngangkang keuyang midang
Muru indung rajungan
Najan bapa lain kapiting atawa keuyeup soeheun
Lambak murungkut keuyang nyangsang
Pahibut ngalian liang
Mun kagebrag ngaler ngidul
Teu bina ti Sunda tumpang
Leungit iteuk cecekelan
Ngorondang handapeun kangkang
Teu wasa cengkat
Teu wasa ngomong
Teu wasa nangtang
Teu wasa hayang
Teu wasa baha
Sagala kumaha hyang
Da awang-awang ngalangkang
Sumerah kana pawarang
Nyao hyang nu ti mana, da geuning ngadadak loba
Matak ringrang unggal hudang
Antukna ngabarungsinang
Neang caang ku kalangkang
Meupeus keuyang kana pamapag tanggal.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger