Selasa, 24 Februari 2009

Sajak Shinta Ayu Punianjung

Talaga

Nu ngampar lebah bangbalikan peuting

Neuteup lengkah ku jamparing
Bongan pucuk huru geus kalangsu
Tapi ngebrak mayakpak
Anteng disimbutan angin
Poe ieu kadeudeuh teh tan kaundeur
Poe ieu curug nutuh bangbaluh
Enya, apan talaga nu herang ngahaeub ka beurangnakeun
Kabaca ku sarerea beungeut cai nu canembrang
Kasurti ku unggal ati Nu sasari mipit jangji
Ting buricak ting borelak teu kahalangan ku anggang
Rido tumamprak kana kersa-Na



Eunteung

Gupayna rasa dina tungtung imut
Nembrakeun nu aya dina jero dada Hese nyumputkeunana
Da puguh etalase nongerak kabaca ku nu ngaliwat
Digulak-gilek digular-gilir didungdak-dengdek,
Galeuh-galeuhna mah mo incah
Jati-jatina mah pageuh ngarenggenek
Mo bias tingaleun atawa miheulaan
Pan boga pancen maneuh


Katerangan : Shinta Ayu Punianjung pangarang entragan anyar.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger