Selasa, 24 Februari 2009

SAJAK-SAJAK INO MISNO


Arek Kamana ?

Urang kungsi
Dibawa kareta kancana dikadali kusir-kusir istana
Ninggalkeun istal demokrasi
Ngajugjug terminal tinggal "landas"
Tigurubas ka jungkrang tingal "landas"

Ayeuna,
Dina padati reformasi
Urang arek dibawa kamana ?


Sarakan Urang

Tina kasemahan deungeun
Jadi pahili angeun
Dayeuh dirajah
Semah jadi ngareunah

Dayeuh maneuh kadeudeuh
Sarakan urang
Digadabah
Jiga nu teuboga peurah
Lamun nu boga imah
Tepi ka kudu ingkah titirah

Mangkade,
Gancang geura nguniang
Ulah tibra sare
Bisi ku semah kapepende.

Deudeuh (I)

Hariring kawih haleuang tembang
Piraku kudu kurindang
Kasilih ku lagu deungeun
Kaleyek ku rock jeung disco

Jentreng kacapi tepak kendang
Lalayaran jeung kunang-kunang
Deudeuh
Moal boa
Bakal milu kabarerang

Deudeuh (2)

Kamana saung lisung
Nu sok rampak ngalagu kentrung
Tempatna nutu para ambu
Leuit nungtutan leungit
Nu dibuat leungiteun etem
Jigana lain ukur wadul
Mangsa jaga
Patani bakal cul pacul

Dewi Sri ngungun alum
Katanduk ku parabun jaman
Kalindih ku tehnologi
Deudeuh
Bulu taneuh remen ngageuri
Dina mangsa sagala ceuyah
Panyawah loba nu susah.


Katerangan : Tina salaka online.


------------------------------------------------------------------






DAFTAR NGARAN RAJA-RAJA

A. RAJA-RAJA SALAKANAGARA

1. Dewawarman I 130-168 M

2. Dewawarman II 168-195 M

3. Dewawarman III 195-238 M

4. Dewawarman IV (menantu A3) 238-251 M

5. Dewawarman V (menantu A4) 251-289 M

6. Dewawarman VI 289-308 M

7. Dewawarman VII 368-340 M

8. Dewawarman VIII(menantu A7) 340-362 M

B. RAJA-RAJA TARUMANAGARA

1. Jayasingawarman (menantu A8) 358-382 M

2. Darmayawarman 382-395 M

3. Purnawarman 395-434 M

4. Wisnuwarman 434-455 M

5. Indrawarman 455-515 M

6. Candrawarman 515-535 M

7. Suryawarman 535-561 M

8. Kertawarman 561-628 M

9. Sudawarman (adik B8) 628-639 M

10. Dewamurti 639-640 M

11. Nagajayawarman (menantu B10) 640-666 M

12. Linggawarman 666-669 M

C. RAJA-RAJA KENDAN (GALUH)

1. Manikmaya (menantu B7) 536-568 M

2. Suraliman Sakti 568-597 M

3. Kandiawan Dewaraja 597-612 M

4. Wretikandayun (GALUH) 612-702 M

5. Mandiminyak 702-709 M

6. Bratasenawa 709-716 M

7. Purbasora (kemenakan C5) 716-723-M

8. Sanjaya ( Putra C6) 723-732-M

9. Tamperan Barmawijaya 732-739-M

10. Manarah (Surotama cicit C7) -783-M

11. Manisri-(menantu-C-l0) 783-799-M

12. Tariwulan 799-806 M

13. Welengan 806-813 M

14. Linggabumi 813-852 M

D. RAJA-RAJA SUNDA

1. Tarusbawa (menantu B12) 669-723 M

2. Harisdarma (cucu D1=C8) 723-732 M

3. Tamperanbarmawijaya 732-739 M

4. Rakeanbanga 739-766 M

5. Rakean Medang Prabu Hulukujang 766-783 M

6. Prabu Gilingwesi (menantu D5) 783-795 M

7. Pucukbumi Darmeswara (menantu D6) 795-819 M

8. Rakean Wuwus Prabu Gajah Kulon 819-891 M

9. Prabu Darmaraksa (adik ipar D8) 891-895 M

10. Windusakti Prabu Dewageng 895-913 M

11. Rakean Kemuning Gading Prabu Pucukwesi 913-916 M

12. Rakean Jayagiri (menantu D11) 916-942 M

13. Atmayadarma Hariwangsa 942-954 M

14. Limbur Kancana (putra D11) 954-964 M

15. Munding Ganawirya 964-973 M

16. Rakean Wulung Gadung 973-989 M

17. Brajawisesa 989-1012 M

18. Dewa Sanghiyang 1012-1019 M

19. Sanghiyang Ageng 1019-1030 M

20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja) 1030-1042 M

21. Darmaraja (sang mokteng Windura) 1042-1065 M

22. Langlangbumi (sang mokteng Kreta) 1065-1155 M

23. Rakean Jayagiri Prabu Menak Luhur 1155-1157 M

24. Darmakusuma (sang mokteng Winduraja) 1157-1175 M

25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu 1175-1297 M

26. Ragasuci (sang mokteng Taman) 1297-1303 M

27. Citraganda (sang mokten Tanjung) 1303-1311 M

E. RAJA-RAJA KAWALI

1. Linggadewata(sang mokten Kikis) 1311-1333 M

2. Linggawisesa (menantu E1=s.m Kiding) 1333-1340 M

3. Ragamulya (aki kolot) 1340-1350 M

4. Linggabuana (sang mokteng Bubat) 1350-1357 M

5. Bunisora Suradipati (adik E4) 1357-1371 M

6. Niskala Wastu Kancana(s.m Nusalarang) 1382-1482 M

b. Ningrat Kancana (Dewa Niskala) di Galuh 1475-1482 M

F. RAJA-RAJA PAJAJARAN

1. Sri Baduga Maharaja 1482-1521 M

2. Surawisesa (Ratu Sangiang) 1521-1535 M

3. Ratu Dewatabuana 1532-1543 M

4. Ratu Sakti 1543-1551 M

5. Nila Kendra (Tohaan di Majaya) 1551-1567 M

6. Ragamulya Suryakancana 1567-1579 M


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger