Senin, 23 Februari 2009

Sajak EDDI TARMIDDI

Kiyai Mujur


di momogor gunung gundul di celah dengkeng
panenesan nanggung lodong dua tanjeur
peso sadap ngagurilap seukeut lir lalancippati
bulu bitis ngajejebris nyeuseup reumis
bulu dada tanpa tutup ngaliglag tanda digjaya
aki mujur
menak tedak pabuaran --kokojo sagalaherang
tulakpanto pasir gundul -- senapati legok cacaban

buuk digelung jucung dibeulit iket wulung
kumisna sereg di lawang
godeg pamarepeh pangkeng
panggimir rampog jeung bajo
matana seuneu puputan lir muncang jadi

aki mujur getih asli sagalaherang
babakan endah titinggal rantaikancana
putri panglamunan bujang
madeg ratu di hulu dayeuh beungeut kota
karatona di caringin cagaklima
di dada kajayaan
tamansari pamandian dijaga ku oray weling
ditungguan maung bunianjeung kerud kukul
diukna dina tunggul tangkal kiteja
nyerangkeun korawa balad undakan kalangansari
nu datang ti cikabayan
puseur dayeuh nagarapageuh

aki mujur lambang kadigjayan
tameng dada benteng nagara
gawena nyadap ngahuma
melak kapas mintal kanteh
ninun nganyam gawena si nini mujur
jeung nungguan peueut kolotdeuk dititis

aki mujur andekak sila maros gula
bonjoran sapagarangan harerang
mun geus loba diiangkeun ka kuningan
ditukeur jeung kancah, seeng jeung katel
bekel nyanghareupan hiruptengah leuweung

aki mujur nitis gula dicitak haurkuning
ngaguis tanpa sosodok - make kokod
mepes peueut lain muncang diprekprekan
tapi kalapa huluan diremekkeun dina tuur

aki mujur kadatangan semah galak
pinter menpo cikalong cimande
make ulin lagam pamonyet pamacan
awakna seseg jeung dedeg diiket barangbangsemplak
ki semah tetenjrak menta rajakaya
deuk diangkut dikunjal ka parigembor
aki mujur leleb nyarita siga teu ngewa
-- raja bangsat utusan menak parigermbor
andika teu perlu jeung sentak sengor
tembongkeun ka kula elmu jeung sihir
mun kula teter bawa rajakaya ka nagri kaler
turutan kula, obeng gula keur nyengka
susuguh kaula cai gogomplokan inum saharita
bangsat herot bajingan paksi
ngarumpuyuk sujud hareupeun aki

aki mujur unggul tetep tandang
tug kiwari ngaran pasir di cibengang
pasir mujur kamashur
uruk ngababakan menak sagalaherang
kaceluk unggul kawentar gagah
seuweu ratu rantaikancana terah taruna.


dirangki di Jogya waktu kula inget ka lembur -- 7 sapar 1377
Tina Kiwari no.4-5-6 , September, Oktober, Nopember 1955



Katerangan :

Dilahirkeun di Sagalaherang, Ciamis taun 1935. Nuluykeun sakola ka Fak.Hukum Gajah Mada terus pindah ka Univ.Pajajaran Bandung.
Sajak-sajak jeung carpon-carponna dimuat dina majalah-majalah/suratkabar : Panghegar, Warga, Kiwari, Kalawarta LBSS,Kujang, Sipatahoenan.
Ilubiung dina lapangan senilukis, senidrama, senitari, gamelan, reog. Ayeuna nyekel kalungguhan panitera Lembaga Basa Jeung Sastra Sunda (timimiti taun 1958); Sesepuh pakumpulan Seni Sunda Wirahma Rantai Kancana ; suntradara D.H & K DAD TT III jeung anggota nu ngadegkeun studiklub Teater Bandung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger