HURUNGNA CINTA
“Dengekeun suling nu ngageuri,
Salawasna ngagelik, saprak didudut
Tina kebon nu pinuh jukut, hiji aleuan
Nyeri jeung cinta nu hurung
Lagu kuring, beuki eces,
Taya saurang nu ngadenge.
Emh, bagja temen mun sobat ngarti isyarat
Tur ngadumaniskeun jiwana jeung jiwa kuring
Tah ieu hurungna cinta nu ngaduruk,
Ieu anggur cinta nu nimbulkeun gairah
Naha daek anjeun ngadengekeun kumaha raheutna hate,
Dengekeun, dengekeun, sora ieu suling.
TAH KITU URANG
Manusa nyuguhkeun alesan (najan manehna bohong)
Yen kalangkang teh euweuh
Aya nu ngomong urang teh tangkal
Nu sejen nyebut urang teh jukut
Najan ngulisikna dangdaunan
Bukti yen angin keur ngahiliwir
Tuluy sepi, malah combrek
Tah kitu urang jeung nya ieu urang.
TEU BURUNG BEUNANG
Kuring neangan jiwa di jaladri
Ngan manggih batu karang
Handapeun budah,
Tembong mayakpakna samudera
Dina poekna hate,
Sapanjang lulurung heurin,
Rumpu-rampa; nya ieu! Cahya teh,
Deudeuh nagri nu jadi piunggul.
LALAMPAHAN
Bagja temen,
Ngancik dina salaka hate;
Nu mecut gelebugna kahirupan,
Lir ombak tibeubeut, kuring nyoledat.
Rasiah laut
Diungkab bari ngageleger
Lir mega leuleus di basisir
Kuring tibra.
DUNYA NU DIBUNGKUS
Dunya nu nyumput dibulen mega jeung hujan,
Nu rupa-rupa…
Katembong ngan ku maranehna nu hatena bodas,
Teu katipu dunya biasa jiga sampurna.
(lajengkeuneun; tina peperenian asep idjuddin)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar