Minggu, 25 Januari 2009

SAJAK SAYUDI II

Neangan
Keur Aka di Sundakalapa

Rajah :
Baeu mojang geura midang
anu mayung dina layung
tempat utun nundung wuyung
ngumbar ku kanyaah rasa

Mangsa :
Pecat sawed bati ewed
tengah dahi ngan hanjelu
lumampah marengan lengkah
tinggal ngahalimun gunung
napak talaga cimata
nyungsi dipukpruk kanyeri

Lieuk leuweung lieuk lamping
tiis jempling tengah peuting
taya rorongkeng ngaronggeng
sepi jangkrik nu ngarenghik
ngan batin nu melas-melis
lalakon hirup nunggelis

Pasini :
Tapi kula henteu suda
ti ayeuna meungpeung duda
neangan bebene hate
mo’ humandeuar kuk kadar
teu rek lumpat ku nu ngupat
teu rek ngejat ku supata

Kajeun tungkul nunjang ngidul
sorangan nandang wiwirang
ngocor getih jeung kapeurih
batan teu patepung lawung
jeung panundung nu Liwung
pangeusi diri nu hirup

Suku kidul Tangkubanparahu : 7-4-‘55
Tina Panghegar No.59 tgl. 22 April 1955




Pangbalikan

Taneuh beureum panonoban cihcir peuting
solasih anu ngajaring
parentul tunggul kabingung
pangbalikan tempat anggang
hateupna kuwung-kuwung paying paul
simbutna halimun gunung
dunya dunyana
lampuna gantung kasawang sajagat
rupana ngelebet hideung
kuring-kuring anjeun-anjeun

taneuh beureum panonoban cihcir peuting
solasih anu ngajaring
parental tunggul ka bingung
lalakon nu rek dating teu kateang

Tina Warga No.133 tgl.22 Oktober 1955



Longser
Keur : Aka di Delhi

Lung ! Lung ! Lung !

Gembrung gamelan surak eak-=eakan
randa dangdang ngembang gula
bujang neangan sampeuran

Ronggeng denger nangtang lawan
igel-igel tanpa wirahma
imut-imut pangirutan

Lung ! Lung ! Lung !

Gamelan manjing kasukan
dilingkung ku kembang jalan
kalangenan kalanggengan
dihibaran beureum obor
dina menit hujang duit
bias poho kupanenjo.

Kota sangkuriang , Februari 1956
Tina Warga no.167 , 5 februari 1956




Katumbiri

Katumbiri ngukir langit
titihan putrid panyari
turun mandi leuwi hiang
pangbibita urang huma
pangbebenjo a budak angon
sampeureun mangsa rek dating

Katumbiri panyilo diri
Sari langit taya bukti
Ngaraja katuna raja
Pananggeuhan dunya maya

Katumbiri dina ati
Tuduh luhung kasakti diri
Mangsa samagaha rasa
Pangruat : mangka tanggah kana mega
Jeung tungkul ka tapak suku.

Kota sangkuriang Maret ‘56
Tina Warga No.173 tgl. 22 Maret 1956




Indung jeung Anak

Anak :
Ema naon eusi langit
Jeung di mana tungtung langit
Katut bentang nu baranang

Indung :
Teu jauh ti dada ema
Eusina nafas jeung getih
Bentang teu jauh ti ujang

Anak :
Ema saha nu boga langit
Jeung bentang anu baranang
Saha nu boga bulan
Katut beurang jeung peutingna

Indung :
Kapan sagana nu ujang
Paeh hirup anu ujang.

Kota sangkuriang, Juni 1956 , Tina Warga


Onih

Onih bulu taneuh urang dayeuh
Keur leutik mongmongan ema
Hirupna nyampak di bapa
Ceurik ukur ku pamenta
Teu nyaho di wujud dunya.

Geus gede tenjona jodo
Dirangkul lamunan endah
Ngapak ngapung moro jauh
Tinggal kalangkal ngajangkang

Kamari Onih patali janji
Ka ponggawa ngabuhaya
Dasar Onih sisit kadal
Geus nahun contana gagal
Hareneg didada teu suda

Ayeuna Onih rumaja kota
Awakna montok cintana hapa
Kelet pamelet udagan duda
Seuri Onih seuri duit
Hirupna di dunya tanpa cimata
.

Kota sangkuriang , Juni ‘56
Tina Warga No. 185



Langit Ceudeum

Langit ceudeum
Hate hieum

Hiliwir angin berewit
Angin tuhur nutup kujur
Mawa carita naraka
Bubuara nyedek dada

Hiji-hiji jaruji jandela muka
Jalan kunang-kunang
Ngaplak daratan tarahal
Digurat kudrat tangara durma

Langit ceudeum
Hate hieum
Saha nu tandang meunang
Saha nu tungkul remuk.

Kota Sangkuriang, 20 Jasnuari 1957
Tina Warga no. 210, tgl.25 Januari 1057



Hujan
Nyumponan pamenta Ayip


Tiisna hujan sepina jalan jamika
Bulan kaleungitan rupa
Peuting kaleungitan pesta
Kacapi ge teu bias ngungkulan kiricikna kamalir
Kawih mojang kawih sumbang

Raat hujan raat hujan
Meungpeung peuting tacan balik
Ka ‘saha menta bebela
Hiap bujang hiap bujang
Meungpeung samping tacan busik
Raga saha nu mibanda

Tiisna diri sepina taya birahi
Hujan nu jadi lantaran
Peuting kaleungitan lalaki

Kota Sangkuriang , Juni 1959
Tina Sipatahoenan no.207 th. XXXVII, 17 Sep’ 1959



Cinta
Keur Kos & Y.Suhaya

Cinta the lagu pangidungan manusa
Nu mere rupa laku dirina
Nya manehna nu ngayuga sagala

Dating mangsa bulan rumaja
Menta panande tina hate
Pona sungkan nyorang peuting
Seungitna tanjung seungit sausum

Mun umur lantis ku taun
Cinta mah banda nu teu suda ku katiga
Anu hurung dina tangtung
Mandiri ti bali geusan ngajadi
Lemah padumukan indung

Mun lembur diranjah batur
Cinta anu nepak dada
Poma sungkan mesat pedang
Da manehna nu ngayuga ieu dunya.

Kota Sanmgkuriang, 5-10-‘59
Tina Sipatahoenan no.230 th.XXVII, tgl. 15 Oktober 1959.


Katerangan ngeunaan Sayudi, tiasa ditingal di kaca sanes dina sajak : SAYUDI






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger