Jumat, 20 Februari 2009

SAJAK K.S.Widjaja

Keur nu indit ti heula

Kamar heureut
Hate raheut
Hiji-hijina lampu maturan nyileuk

Pikir balik ka lagu lawas
Hariring biwir nambah ceurik
Bener urang kungsi aya

Nyieun carita nu pegat ku cinta

Tapi....
Napas embung pegat dina kapoekan ieu
Jeung rasa nu teu paeh ku ngubur maneh
Tetep anjeun nenjo keur inditna

Kamar heureut
Hate raheut

Anjeun indit ninggalkeun kaludeung.

Tina Warga no.209
tanggal 19 Januari 1957



Carita di sisi ombak

Pangbalikan carita na peuting harita
Lampu kapal ngiceup di tengah laut
Mata bebene ngiceup dina keukeupan
Kuring kacangcang ku dua kahayang

Cicing, cicing, kapal indit
Bebene meredih ngajak balik
Kuring ceurik ku dua kahayang

Na peuting eta keneh
Hawar-hawar sora nembang
Kuring ceurik ku dua kahayang

Na peuting eta keneh
Hawar-hawar sora nu nembang
Lagu kaunggulan
Tapi

Kapal indit
Bebende balik
Kuring pegat di dua kahayang


Semarang, Januari 1957
tacan diumumkeun.



Katerangan :

Ngaran lengkepna Koerdi Soekandawidjaja, dilahirkeun di Kuningan tanggal 6 Mei 1934.
Kungsi milu kursus B.I Ilmu pesawat di Semarang bari ngawulang di sawatara S.M.P jeung S>M>A Semarang. Jadi o sapatu bata di Sukaumi. Ilubiung dina lapangan organisasi Sunda, boh di Bogor atawa di Semarang. Kungsi jadi redaktur Vunus jeung Projektor (Cirebon), Sora Putra Sunda ( Bogor) jeung Sora Pajajaran ( Semarang).
Karanganana dimuat dina Kiwari, Warga,Sora Pajajaran, Venus , Projector jeung via RRI Cirebon mangrupa carpon.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger