Senin, 23 Februari 2009

Sajak-sajak Adhitya Dwipayana Raspati


D0’A

Gusti, Diri nu lumaku lunta ti sarakan baligeusan

Neukteuk paneuteup kadeudeuh
Ngaprak lebah talaga kahayang
Mipir-mipir sisi batin, nyaliksik bangbalik pikir
Nu nongerak tembong-gelor semu halabhab paneang
Bongan kalangkang ngangkang lebah dasar lawang
Padahal.
Cikaracak salin jinis ngagulidag, bangun migunung kapahung
Da cenah boga cekeleun,
Da cenah leubeut pameungkeut nu migeugeut leugeut-teureup

Gusti,
Abdi ngalengkah nyangga amanah

Muga teu kapacikeuh geugeuleuh Suku nu tatu seja satuhu, dampal nu raca mo ngarasula
Mung, naha bandera tacan ngelebet?
Naha lagu pucung bet sinangling maskumambang?
Apan raga molah beurang, nyumput ‘na siduru isuk
Nu ngahodhod tungtung ibun
Megat balebat nu lawas ngingkilaban.

Gusti,
Sapuluh ramo disusun, dientep ku lafad bengras
Nu ngagelar lebah caang, nu nguriling birit peuting
Ngajoprak lebah panyadrah, sumerah kana papasten
Binarung cahaya murba, kalimatutoyyibah
Ngalimpudan asta-garba jero dada.


PANTO DORA

Tina lacak nu ngagurat

Aya carita nu ngembat, teu kahalangan ku sugan
Aya gambar nu atra
Ngajanggelek dina tangtungan kamari
Neundeun tineung, tukangeun kamelang
Cepet-lempeng muru kaca-kaca muka
Ngeblak pangjurung duhung nu can kungsi ngareret godeg
Basa tungtung jalan ngicup kareumpeukan jukut-riut
Aya balandongan kosong taya pangiring igel-babancong
Ngan lawang nu kapasini nu ngundakkeun sesengkedan: La Ilaha Ilalloh,
Panto dora muka kabebasan lenglang.



LAUT

Nu ngalamuk dina pucuk letah bodas

Nyangga pancen jeung panastren
Jongjon nyampeurkeun pangggoler pangkek
Taya salambar kalakay nu teu kalanglang
Najan kararas ngulapes garing, pangusap mah anteng dina pancer pamadegan
Guruh galura mibaju
Dina wirahma nu geus miwanoh
Taya kecap reureuh-cape, taya kulisik-busik sumingki
Mun waktu milu mahayu, penyu jeung lauk muru kalintu
Mutiara ngabarak ‘na jajalaneun
Jeung seor angin ngageberan, milu mancen makalangan
Taya risi-taya gimir
Da aksara nu ngayuga, balaka lebah pangraksa


TANGTUNGAN

Nu datang geus nepi kana umpakan

Nu pandeuri ngeureuyeuh nikreuh di landeuh
Nincak amparan jajaten
Teu kaheumpikan kakeueung, teu kaeunteungan paneumbleuh
Seseleket,
Lebah lolongkrang ranggeuyan bentang
Bongan langit ngabangingik
Nepakeun sasaak ka jagat
Na saha nu teu maraca, apan nembrak lebah tarang
Panceg dina tatapakan perang
Nguriling sakujur awak, ngancik lebah dua panon: Kullujasad Lempeng mayeng teu galideur.


PANCEG


(Haturan Mamah & Bapa di Tatar Parahyangan-Ciwidey)
Lengkah ngajaul mabal tina pipir batin
Neuleuman pangreureuhan galeuh-maneuh
Nagara ancik-ancikan nu ngablag lega satungtung langit
Teu nangtukeun lebah mana palabuan
Teu nanyakeun jalan mulang
Teu matak galideur jantung
Pan angin mawa tangara dina harewos ti kalangengan
Di mana oge tanah janah, tincakeun, aprakeun, teangeun
Raga darma wawayangan
Milu laku kana tuhu, teu kudu nyawang mangsa, teu kudu inggis ku pati
Da boga adeg-adeg cecekelan
Basa dina tungtung letah, kasipuh aweuhan rosul
Reka permana, sumanding tanggungjawab

Bongan kahayang tan kasawang ‘na kalangkang
Bongan diri nyamuni lebah bilik paniisan
Kadeudeuh,kacinta,katresna,mucunghul binarung wuyung
Apan talaga nu urang, apan letah- jagat sumarambah
Awor dina kaagungan Sunda nu ngagupay luhur gunung
Jeung kembang nu ngahaleuang
Nyaangan tutungkusan malati jeroning ati
Kabeh kaliung-kasiput ku geter
Allohhu akbar.

Gorontalo, medio Juni 2008


Katerangan : Pangarang entragan anyar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger