Senin, 23 Februari 2009

Sajak Inu Nugraha

ASMARANDANA


Asa cikeneh anjeun ngaharewos

Nyulusup na sapanjang renghap napas

Marengan gelikna suling

Lir ngahudang deui sara asih

Nu geus lawas

Laas ku mangsa

Kari waasna

Ngalangkang

Siga cahaya bulan

Nu ngambang di langit paul

Duh,

Getih nu geus lila ngadagleg

NGagulidag lir lambak tujuh sagara

Mawa Jumeritna sora hate

Iraha pinanggih jeung kaasih nu wening

Tanpa jungkrang jeung hahalang

Nu misahkeun urang ?

Asa cikeneh anjeun ngaharewos

Lir gelap nu ngabentar

Mupus tapak lengkah nu mimiti natrat

Na lemah beueus ku cimata kahanjakal

Naha bet nyulam kahayang

Nu ngan saukur wangwangan ?


ASMARANDANA (2)


Enung,

Basa matapoe moncorong ka sorenakeun

Basa cahayana ampir suda

Basa galindeng kacapi nu ngajentreng

Marengan renghap napas jeung teuteup

Nu eunteup na pucuk asih

Anjeun nembangkeun deui kidung asmarandana

Malikan lalakon nu geus lawas

Kumaha lewangna anjeun ngudag lamunan

Bari mulungan bentang nu maruragan

Na lemah nu beueus ku cisoca anjeun

Duh enung,

Jentreng kacapi na tungtung ramo anjeun

Lir gelap ngabentar. Neumbrag hate

Nu disamunikeun na lelembutan

Lasawang, lengkah anjeun mapay-mapay jalan satapak

Nyiar pamuntangan na tungtung kahayang

Nu tacan natrat

Kiwari

Urang bareng ngudag jaga

Bari nyulam harepan. Sugan jeung sugan

Gelikna kacapi

Nepi ka lawang kabagjaan

Nu masih dina wangwanan

Najan renghap karasa eungap

Lengkah geus rumanggieung

Teuteup kari sakiceup-sakiceup

Aya kahayang

Ramo-ramo nu geus ngeeper

Ngageterkeun deui rasa asih

Urang bareng mulungan bentang nu kungsi maruragan

Sugan pareng, urang awurkeun deui ka langit paul

Langit kaasih tanpa wates


ASMARANDANA (3)


Na soca anjeun

Aya talaga anu liuh

Caina lir runtuyan mutiara

Ririakan katojo matapoe

Na soca anjeun

Aya cahaya ngaburisat

Lir gugupay

Ngajak neuleuman talaga

Ngan

Iraha tepi kana dasarna ?

Di dinya, langit anu biru

Nampeu

Teu kaalingan mega

Ngajak ngawang-ngawang

Ka langit tanpa wates

Mawa hate nu pinuh rasa cangcaya.


ASMARANDANA (4)


Angin peuting ngahiliwir

Marengan lengkah

Mawa hate rajet

Tapak natrat

Sapanjang lemah nu rarekah

Katojo matapoe katiga

Bulan anu moncorong

Ngambang di awang-awan

Cahayana lir nyulusup kana sakujur balung

Geuning aya keneh galindeng wirahma asih

Bareng jeung sorot soca anjeun, jungjunan

Ting kumelip, kawas bentang anu baranang

Marengan renghap anu eungap

Nyorang lalampahan nu kari jeujeungkalan.


Dimuat dina Salaka Online



Katerangan :

Pangarang Rumaja entragan anyar. Dilahirkeun di Ciwidey, putra ka dua Bp.Asep Idjuddin. Beres kuliah, manehna digawe di Aceh. Tapi kaluar deui. Ayeuna keur ngalamar ka sababaraha parusahaan di Jakarta

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger