Kamis, 22 Januari 2009

Sajak-sajakna Surachman R.M

Isuk-isuk di Basisir

Kusir sang aditya cunduk di langit wetan
totonden peuting pamitan

bareng jeung rumenghap napas
sadami sadami
gulungan ombak mancawura
jumegur numbuk basisir

cahya dumeling moncorong
ngeunteung di laut saparo
dadali-dadali di jomantara
ngamangsa antara sinar sagara

corong kapal ngabudalkeun haseup hideung
mumbul mencar patarenggang
sakoci nyiriwik nurih jaladri
paburencay tinggarupay layar putih

eusi laut di tengnah pamuihan budah
pada mibanda carita rasiah :
korban-korban kasambut di poe naas
kapal-kapal tarapa dasar samudra

sang aditya gumawang di awang-awang
tanda beurang datang tandang.

dimuat di Tjandra tun 1954


Prabu Mandura Tapa

dina iuh-iuh areuy suku curug
luhung menekung ngagulung hiji tuju
keprul banyu nyimbeuhan nu tapa
guruh sumawur ngasor swara kurusetra

bongan ngagem nanggala ngabahya dunya
dipencilkeun ku krisna wisnubarata

dina iuh-iuh areuy suku curug
binih weleh teu jadi terus ditunggu
jauh ka hangru medan danalaga
guruh bitotama kadeseh ku cai nutug

geura lugay ti patapan he terah yadu !
pinasti kaget ku balukar nu hebat
murangmaring kaporotan jurit
bongan katipu ku dewa
ageman taya gunana.

Dimuat dina Warga 27 Djanuari 1956


Lemahcai

tacan balilahan incah jauh jauh
dina prung diri museur dina lambut

nya ieu piala wadah ludira bejana
goar munggaran nu kelar tanpa cimata

tresna kula teh kulisik-keusik
tan kendatna disipuh budah kikisik

tacan balilahan jauh dina prungna
incah, puseur na lambutna.

Dimuat dina Warga taun 1956


Lagu Pamungkas

cangkurileung jalu ninggalkeun eunteupan
peurih letah katurih cucuk mandadaki
masing srangenge nyangkere na wates poe
langgeng kapieling ibun peuyar na hate

tong ngageuri
cenah cinta bancet inceran weling
gumatlog ganti galengan

pikeun kuring kudu direbut dipake tumpang
cinta memeh karangkul lir lahar
anjeun geseng satengah teu eling

cangkurileung ninggalkeun eunteupan
nyoreang gendang ibun nu peuyar
kapal nu ditundung ku panglabuhan
beber layar : lampar

Dimuat dina Kiwari, Juli 1957.


Lagu Paturay


soara nyawa kari sakesetan napas biola
ngeleperna lagu lumayung hideung
tengtrem temen anjeun nyangsaya, enung
luang katukang ngulahek nembongan lila

sakesetan duih sakesetan ti dinya sirna
mutiara kuring tina watangna
napas biola nu ngagerihan
nyekleukna jero tangkeupan.

Dimuat dina Kiwari No.3
Agustus 1957

Katerangan :

Lengkepna Maman Surachman Radea, lahir di Garut 13 September 1936.
Sajak-sajak Sunda-na dimuat di majalah Sunda, Warga,Tjandra, Kiwari jeung koran Sipatahoenan. Sajak-sajak dina basa Indonesia dimuat dina majalah Kisah, Gelanggang/Siasat, Indonesia, Genta/Merdeka.
Taun 1958 sanggeus lulus ti Sarjana Muda Hukum ti Fak.Hukum Universitas Indonesia, diangkat jadi jaksa di Purwakarta, tuluy pindah ka Karawang.























Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger