Peuting di Kampung
indung peuting nu ngadalingding ngan ukur jadi panggeuing
mega hideung nu maleukmeuk ngan ukur nambah kasieun
kabeh naritah nyingkah ka jauhna
peuting jempling ngan jadi karungsing
bulan mencrang ngan jadi karingrang
taya lanjang nu ngagondang
taya bujang nu maridang
da bulan matak salempang
taya mojang nu ngabungbang
taya bujang nu ngaranjang
taya nu sare nyangkere
da hate kabeh nyanggeyeng
panon caleuy neuteup hateup
paneuteupan panglamunan
di mana nyangsangkeun badan
ngan subuh anu ditunggu
bray beurang nu diantian
da mun subuh pangacian jadi karumpul
da mun subuh mimiti lelekah halu
da ngan beurang nya raga asa nyawaan
dan ngan beurang manehna bisa rumingkang.
Juni 1959 dimuat di sk Sipatahoenan
Pasundan
najan hamham ku kayakinan
najan waswas ku kamanusan
gondewa mentang nginceran bulan
kingkilaban nu nyaksian
bareng jeung gurilap gelap
bareng jeung jorelat kilat
bulan bejad bencar na dada
tulang-tulang pasolengkrah
lain kembang ti kayangan
nu nyambuang sapasundan
tapi
getih ti langit anu nyakclakan
hinis hideung nurih ati
congo peso ngagorek genggerong
gurat bumi tilu kali
kingkilaban nu nyaksian
demi maranehna nu balayar na sagara cimata
demi maranehna nu arusik saateun getih
demi tangkorek jeung tulang-taleng nu pasolengkrah
bareng jeung oyagna jagat
nanceb kacinta na dasar dada
daratang nu marulang ka asalna
nareuteup geugeut nyiuman lemah
gondewa mentang nginceran bulan
hinis hideung nurih ati
nu kumelip tepi ka mati
kingkilaban nu nyaksian
Juli 1959
Bandung
mun kanari kasilir angin janari
mun halimun marendung ngurudung gunung
kuring nangtung di bandung
mun lemah parinuh ku nu someah
mun semah baretah sarungkan pindah
kuring nangtung di bandung
mun lampu jeung bentang baranang siang
mun mojang maridang sapanjang jalan
di bandung kuring nya nangtung
kageugeut kuring kameumeut kuring
tapi kiwari
deudeuh teuing bandung kuring
kadatangan nu baredang
kaimpungan nu umaing
nu ti alas nu ti peuntas
nu asli nyigi *) nyarisi
hiji tantangan nu narajang.
*) nyedek
bandung, 5 Juli 1959
Katerangan :
JUS RUSAMSI
Dilahirkeun di Mancagar, Lebakwangi- Kuningan tanggal 12 Agustus 1934. Taun 1960 lulus ti ASRI jurusan seni lukis di Jogyakarta ti mimiti taun ajaran 1954. Kungsi jadi guru SMP Negeri II Bandung. Anjeuna nulis carpon sareng sajak. Sajak-sajakna dimuat dina Sipatahoenan jeung Mangle make sandiasma Rs.Perbawa. Salaka Andana ngawanohkeun tilu sajak di luhur.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar