Kamis, 22 Januari 2009

SAJAK KANG FAUZI










I

Nyawang pangalaman katukang
Waktu ngarasakeun ni'matna cinta
Tina hate tukeur ucap anu suci
Palupuh nu bisu milu nyakseni

Tapi teu lila !
Cinta laas ku katiga
Ngijih muyarkeun pasini ati
Padahal raga kungsi ngahiji
Padahal cinta geus matri na ati

Anjeun ngaleos bari boboleh
Siga nu teu boga dosa
Bongan jaman nu kiwari !

Ayeuna kuring nyorang sasak kaasih
Neangan cinta nu pangger di unggal insan !

II

Cinta teh lagu ka asih
Moal lantis ku taun
Moal suda ku katiga
Matri dina aling-aling ati

Cinta teh lagu ka asih
Ngawisesa dina raga
Meungkeut dina sanubari
Mo runtag ku laas jaman

Tapi lagu geuning bet sumbang
Polah janji anu cidra
Pajah cinta anu gaib
Padahal lampah nu nirca !


III

Hariring nu kungsi nyanding
Haleuang nu kungsi datang
Dicatet na sanubari
Lagu kadeudeuh ka asih

Regepkeun ieu lagu
Nepikeun rasa
Rasa engkang keur anjeun
Ngajugjugan eusi kalbu
Neleuman sagara manah

Dangukeun jentreng kacapi
Nu mawa lagu kanyeri
Ngacak-ngacak eusi hate
Nu teu beunang dipepende

Dangukeun gelikna suling
Mawa beja ti anggangna
Mawa kadeudeuh ka cinta
Hanjakal dina impenan

IV

Cing bulan kuring tulungan
Pangnepikeun ieu hate
Nu lawas neundeun ka tineung
Ka panutan nu paanggang

Mun anjeun wisesa
Kuring rek sujud satuhu
Osok dapon kataekan

Mun anjeun saukur darma
Pang nepikeun ka panutan
Pikeun pigustieun kuring.


Bulan Mei 1975 katompernakeun

.........................................................................................................................








Sim kuring kantos nampi buku ipis ti Saderek Asep (padamel TELKOM , ayeuna janten kapala Kendaraan di Jl.Sentot Alibasah) Judul Buku teh "Sejarah Sunan Rohmat Suci GODOG Garut". Diantawisna aya seratan yen Prabu Munding Kawati, putra Prabu Susuk Tunggal diserenan tongkat pusaka karajaan sakantenan diistrenan janten panglima besar Pajajaran. Eta kajantenan diserat dina batu (batu tulis) ku Prabu Susuk Tunggal.

Dina Nagara Kertabhumi, Munding Kawati teh putra Wangsatungal (saderek misan Ragamulya). Yuswa Munding Kawati, pakokolot supa sareng Wastukancana (rama Susuk Tunggal).

Dina naskah Aki Baju Rambeng, rintisan penelusuran masa silam, asal mula Pelabuhan Ratu (Anis Jati Sunda,1980) panglima Pajajaran jenengan RAKEAN KALANG SUNDA. Nu ngaping Dewi Purnamasari sareng carogena RAKEAN KUMBANG BAGUS SETRA ngalolos ti karaton, waktos digempur ku pasukan Islam. Malih males pati ka Syeh Al Kowana (tilas mantri Majeuti/Sekneg Pajajaran,nu lebet Islam, nu ngudag-ngudag Dewi Purnamasari).

Dina Nagara Kertabhumi eusi/harti tulisan dina batu di Batutulis Bogor, mung 9 baris:


++ wwang na pun ini sakakala, prebu ratu purane pun, diwastu

diya dingaran prebu guru dewata prana,diwastu diya dingaran

sri baduga maharaja, ratu haji di pakwan pajajaran sri sang ratu de

wata pun ya nu nyusuk na pakwan diya anak rahyang dewa nis

kala sa(ng) sidamokta di gunatiga i(n)cu rahyang niskala wastu

ka(n)cana sa(ng) sidamokta ka nusa larang, ya siya nu nyiyan sakaka-

la gugunungan ngabalay nyiyansamida, nyiyan sanghyang talaga

rena mahawijaya, ya siya pun++ I saka, panca pandawa

e(m)ban bumi++

Tarjamahna;

Muga salamet, ieu tanda peringetan keur prabu ratu suwargi, nu dinobatkeun make gelar prabu guru dewataprana; dinobatkeun deui make gelar Sri baduga maharaja,ratu ngawasa di pajajaran,Sri sang ratu dewata. Dia Anak rahyang dewa niskala nu pupus di gunatiga,incu rahyang Niskala wastu kancana nu pupus di Nusalarang.

Inyana nu nyieun tanda peringetan mangrupa gugunungan, ngabalay jalan ku batu, nyieun leuweung Samida, nyieun talaga rena mahawijaya, ya dia (nu nyieun eta kabeh).


Ditulis dina taun saka lima pandawa ngasuh bumi (1455+78 taun = 1533 M). Janten seratan dina batutulis dipidamel sabada Prabu Siliwangi pupus (1521 M). Margi disebatkeun ;..sakakala, prabu ratu purane diwastu diya ngaran………..sri baduga maharaja…. =…. Peringetan, ka prebu ratu purane (nu tos pupus). Nu jenengan……..sri baduga maharaja…

Jadi numutkeun eusi/harti tulisan dina batu tulis Bogor teh, mangrupi peringetan Sri Baduga/Prabu Siliwangi nu pupus tur raja manten di Sunda, di karaton Pajajaran. Dina NK jenengan karaton karajaan Sunda teh SRI BHIMA PUNTA NARAYANA MANDURA SURADIPATI PAKWAN PAJAJARAN. Eusi tulisan batutulis sanes peringetan ngajenengkeun Munding Kawati nu diserenan tongkat pusaka janten panglima besar Pajajaran.

Saleresna seueur anu pasalia, utamina mah dina buku Sejarah Sunan Rohmat Suci Godog Garut diserat yen Prabu Kiansantang teh putrana Prabu Siliwangi. Putra ti saha ? (hoyong lengkep sumpingan www.salaka.net edisi Desember 2008). Cag
























Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger