Jumat, 23 Januari 2009

SAJAK SAJAK K.T.S

Samar


Urang lembur di Pasundan


Hyang Surya
atuh ulah
surup
kumaha k
uring

Keungkang kareueung
hemar-hemir
biheung nimu isuk

Beuheung asa bet
sirah asa bek
angen asa clep

Andjeun pananggeuhan
pangreugrteug, pangharepan
arek iklas................?

Tg.Pinang 10-3-55
Dimuat dina Panghegar No.54 IV 18 Maret 19
55


Rek Naon ?

Teu diteang teu diondang
taya nu mawa nu ngajak
gurudag tanpa larapan
karep sorangan ?

Luludeungan
jenuk batur ?
loba balad ?
batur hiji bareng datang
dirames ku Indung beurang
dipendilan disirnakeun
dulur sejen teanganeun

Mun teu nyaho pakarepan
geura dahar saseubeuhna
geura make satakerna
geura ngomong saungangna
geura hees sadaekna
lajur napsu umbar amarah
bawaeun balik !

Tina Warga No.67, tgl. 10 Juli 1953

Katerangan :
Inisial tina Kadir Tisna Sudjana, lahir di Subang 1 Desember 1912. Mimiti diajar ngarang keur di Normal. Guru basana R.Satjadibrata. Remen ngabaekeun palajaran lantaran kataji ku karang-karangan Joehana (Achmad Basah). Sanggeus jadi guru mindeng nulis dina Parahiangan antarana guguyon, guguritan, carita pondok jeung reportase.
Sabada perang, tulisan-tulisanana dimuat dina
Majalah Warga, Sunda, Panghegar jeung Sipatahoenan.



...............................................................................




Aya “penghancuran” budaya, nu dipilampah ku Gubernur Jenderal Hindia Belanda, SNUCK HURGRONYE, inyana mawa misi ngancurkeun Islam, bari nyebarkeun Kristen di Hindia Belanda. Samemehna, inyana diajar heula keislaman di Mesir salila 5 tahun. Di Hindia Belanda (Indonesia) dibaturan ku WILLIAM VANDER PLASH, nu diangkat jadi Gubernur militer (Jawa Timur),duanana nyamur bari nguriling Nusantara. kanyahoan, tina 400 sukubangsa nu aya di Hindia Belanda, aya 2 sukubangsa nu sulit ditalukkeun /dikristenkeun, nyaeta SUNDA jeung ACEH. Sunda teu bisa digempur ku militer, sabab urang Sunda ahli perang (karajaan di Tatar Sunda can kungsi eleh diranjah ku karajaan sejenn,(kaasup ku Majapahit) sabab system pertahanan tur teknik tempurna ulung, ngan teu kungsi dipake narajang kerajaan sejen di luar Tatar Sunda,(teu ngajajah nagara sejen) salila 14,5 abad), jeung dipiserab sabab rengkak paripolahna nu handap asor,someah,darehdeh tapi tangoh.

Mangka digorogot budayana, ku nyiptakan DONGENG SANGKURIANG, jeung SILIWANGI JADI MAUNG(ngamangpaatkeun hasil panalungtikan sersan VOC Scopio, nu kungsi nempo maung badag dina urut karaton Pajajaran), cenah sanggeus dibeberik Kean Santang rek di Islamkeun. Maksudna, ngarah tembong gorengna Islam ngaliwatan peristiwa ANAK MAKSA TUR NGUDAG-NGUDAG BAPA.(padahal taya paksaan dina agama, sabab geus jelas mana nu bener , jeung mana nu salah) .Sedeng Dongeng Sangkuriang, ngawujudkeun manusa SUNDA leber wawanen, pinter, tur tangoh, jadi MINDERWARDIG COMPLEXS alias rendah diri,(lain “rendah hati “) sabab dicaritakeun Sunda TURUNAN ANJING TUMANG, INCU BABI WAYUNGYANG.Sunda dirusak TI JERO.


Aceh sulit diruksak budayana, kapaksa DIHANTEM KU KAKUATAN MILITER.SNUCK HURGRONYE jeung WILLIAM VANDER PLASH, apal ditalar eusi Al Qur’an (kungsi ngarobah 1 ayat Al Qur’an,-jalma nu sabar bakal asup surga, diganti jadi jalma nu sangsara bakal asup surga, ngan kayahoan) jeung 1800 Hadits. Cag

















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger