Sabtu, 24 Januari 2009

SAJAK KIS WS

Ayeuna Mangsana !

nyeri peirih !
nyeueung keretas ngagebar
daftar kalaparan
nu di tulis
ku cipanon

waruga manusa
begang regeng
tingkorondang
dipirig ku lengisna
budak yatim
umat nagara merdika!

eta leungeun deungeun
ngaragamang
rek maksa-pirusa
nyontang Irian
tempat candrawasih
midang

kanca ! sageuy rek dengdeng
reheng pagetreng
silih herengan
atawa basilat
ngeduk hak rayat

atur anjeun nyaksi
yen bangsa jeung nagara
kiwariu
jeroning sangsara
jeung bahla

bosen ngagorowok
sing gulung-golong
sabilulungan
tapi mun teu kiwari
rek iraha deui ???

Dimuat di Sipatahoenan
1 Desember 1951


Ngaran lengkepna
Kiswa Wiriasasmita. Lian tieta aya sandiasma anu dirahasiahkeun. Lahir di Ciamis , 25 Januari 1922.
Meunang didikan di H.I.S, Mulo (teu tamat) jeung didikan jurnalistik. Mimiti nulis dina umur 14 taun. Digawe di Jawatan Pertanian Rakyat Ciamis. Tulisanana di muat di Sipatahoenan, Taun 1951 jadi pembantu tetep di Koran Pikiran Rakyat Bandung. 1952 jadi patunggon pojok "notes marhaen" di majalah mingguan Sawawa, Tasikmalaya. Kun
gsi jadi anggota Persatuan Peminat Sastran (P.P.S) jeung Badan Kebudayaan Borobudur oge jadi sesepuh umum Persatuan Seni Drama Amateur Parahiangan di Ciamis.


.....................................................................................................................................







AKSARA SUNDA "RATU PAKUAN"


Ti wit abad ka 4 di Sunda kapendak aya 5 rupi aksara; Aksara Palawa (Batutulkis Ciaruteun/Purnawarman), Aksara Sunda Kuno/ Ratu Pakuan/ Dasabagawa? (Prabu Tarusbawa, Bekasi, Wastukancana, Kawali-Ciamis), sareng Batutulis Bogor (Sri BadugaMaharaja /Siliwangi), Aksara Jawa kuno (Hanacaraka, Sri Jaya Bhupati, batutulis Cibadak Sukabumi, Anjeuna mantu Prabu Airlangga ti Kadiri, Jatim), Aksara Arab (pegon) ti Pasantren, dipungkas ku Aksara laten (Jaman Walanda).

Dina ieu Blog, sim kuring bade ngawanohkeun aksara Sunda Ratu Pakuan , nu kantos kapendak ti Situs Astana Gede-Kawali-Ciamis( Prabu Wastukancana) ,Prasasti Kebantenan Bekasi (Prabu Tarusbawa), sareng Batu tulis Bogor (Sri Baduga Maharaja).Diwuwuh ku sababaraha naskah Sunda kuno, nu kapendak ti Gunung Cikuray, sareng Kabuyutan-Garut (naskah lontar Ratu Pakuan, Siksa Kanda(ng) Karesian, Amanat Galunggung, Tjarita Parahyangan,Ssjb) Sadayana hasil panalungtikan para ahli. Sim kuring ngahaja henteu ngawanohkeun aksara Sunda Ratu Pakuan, anu parantos dimodifikasi. Dipiharep, bilih hiji waktos urang mendakan naskah lontar atanapi prasasti, tiasa ngaos. Inggis upami ngahaturkeun aksara nu tos dimodifikasi mah, dimana mendak naskah/prasati, rada gejed ngaosna, margi aya sababaraha aksara nu dirobih. Ieu mah etang-etang tamba hanaang bae, nyanggakeun sabrang salayan dugi ka cabe mah henteu.


Aksara anu di wanohkeun di handap ieu, mangrupi catetan leutik dulur sim kuring Mang Asep Idjuddin (Kapala Sakola SD Tegallega Bandung-pengkereun Museum Sri Baduga/Pamingpin Umum majalah basa Sunda SALAKA Online). Saur Mang Asep, ieu teh aya Perda-na nyaeta :
Perda Prov. Jabar No.6-7 taun 1996,dikiatan ku Perda Jabar No.5 taun 2003 ngeunaan, miara,ngalangge
ngkeun basa sastra, seni jeung budaya Sunda.

Sumber aksara nu kapendak lima tempat teh sami sadayana ,nyaeta nu kapendak ti :

1. Batutulis Astana Gede Kawali, Ciamis.
2. Batutulis Bogor,
3. Artepak parungu ti Kabantenan, Bekasi,
4. Naskah Lontar ti Kutananggung Gunung Cikuray, Garut,
5. Naskah-naskah Lontar ti Kabuyutan, Garut.

Tah urang wanohkeun heula Aksara Sunda Ratu Pakuan :
Nu di handap ieu Aksara Ngalagena. Saleresna masih keneh aya sapertos ; vocal mandiri, pangajen dina tungtung kecap, aksara
husus tanda vokalisasi ngarobih sora vocal nurutkeun konsonan jrrd.





















Upami para Bapa sareng Ibu, Ujang sareng Nyai hoyong tiasa kana Aksara Sunda Ratu Pakuan, kantun ngintun surelek (E-mail) ka redaksi@salaka.net atanapi ka fauzi@salaka.net. Mung panginten kedah seueur pesertana . Cag
















Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger