Sabtu, 24 Januari 2009

SAJAK : HASAN WAHYU ATMAKUSUMAH

Sangkuriang

sangkuriang ngaran kuring
ti beurang tukang caringcing
ti peuting tukang ngalinjing
neangan indung nu nundung
ah ! kuring hirup nyingkahan kabingung
nyingkahan rurubed nu jolna ti aing
bongan kiwari geus taya wanci mustari
rea teuing sangkuriang
geus musna beurang
alam geus ilang dangiang
tinggal peuting anu panjang
cul hanca, ngadukduk acong-acongan
cul raga, muru-muru nu can karuhan

sangkuriang ngaran kuring
nu di bapaab ku badega
dan bongan indung nu linglung
ngucap janji tanpa ungang-ungang
indung ! bongan saha medalkeun sangkuriang
kitu cek ajali
tangtu kaharti
tapi saha ? dayang sumbi ngudar ucap
apan cek tadi
sangkuriang baris mondong nyai putri
nu ninun puluh taun
tapa bari sewot kana barera
bongan geus nyieun carita
ngagurat di nu kiwari
alam ! anjeun musuh nu weduk ku teluh
nu ngayuga ! ieu kuring geuwat ropea
ulah dijieun teundeun poho
bisi dunya ditangtang ka tengah kalang tanpa sisi

sangkuriang ngaran kuring ! prak raponan
samemeh dunya awut-awutan, panonpoe disosoeh
samemeh balebat ngan kari urut
bongan geus nyieun ebat
ka sangkuriang anu linglung
eh istijrad ! nyata anjeun teu beunang dipisobat
tangtu ku aing ditenjrag
ieu aing sangkuriang
menta hurip mangsa bulan mun geus kembar
raja napsu rek dikencar-diumbar.

Rakata, 20 - 11 - 1955
dimuat dina Panghegar no.69 taun IV tgl. 1 Juli 1955

Katerangan :

Ngaran lengkepna Raden Undang Hasan Wahyu Atmakusumah Prawirasoebrata, lahir di Garut
tanggal 27 Sapar 1353 Hijriah (1934) M).
Sanggeus milu kuliah di PTAIN Yogjakarta meunang dua taun, terus nuluykeun sakola di Perguruan Tinggi Jurnalistik Jakarta, bari digawe jadi Pangatur Tata Usaha Departemen Kepolisian. Taun 1953 jadi wartawan Sipatahoenan, 1954 redaktur Lekra bandung, 1956 - 1957 pamingpin majalah Criterium Yogjakarta.
Karanganana dimuat di : Warga, mangle, Sunda,Budaya, Vivat, Mimbar Indonesia,Criterium mangrupa sajak, carpon ese
y. Di Sipatahoenan nulis reportase.

.................................................................................................................







Baduy ?


Aya samentawis rerencangan anu naroskeun ka sim kuring ; Ari Baduy teh leres rayat Prabu Siliwangi ? Waleranana : SANES, Baduy mah rahayat Pajajaran. Mung dugi ka ayeuna nyamunikeun maneh, margi karuhunna alim ngaku yen manehna teh rahayat Pajajaran. Nya turun-tumurun dugi ka ayeuna, mun disebat rahayat Pajajaran teh sok ngambek.

Kieu anu sakaterang sim kuring mah, ieu oge nanaroskeun ka ahli sajarah Sunda.

Waktos Prabu Siliwangi ( Nami SILIWANGI teh mung saukur gelar ti rayatna, ari anu asli mah mangga aos Catetan Prabu Siliwangi di handap ieu ) masih ngabahudenda di Pajajaran, taya saurang Raja anu wani nyerang. Tapi saatos Prabu Siliwangi pupus (tilem = sami sareng maot) Pajajaran di gempur ku tilu Karajaan Islam nyaeta : Demak, Cirebon sareng Banten. Pajajaran diserangna oge saatosna 58 taun Prabu Siliwangi pupus ( 1521 M - 1579 M ).
Diserang ti tilu madhab pasukan Islam teu tiasa lebet ka karajaan, margi sakuriling karajaan dikuriling ku "parit", oge Gerbang karajaan geus make sistim angkat jungjung sapertos jambatan walungan Musi di Palembang. Tapi dijero aya salah saurang tentara karajaan anu tos Islam, ngabuka gerbang. Sadayana para tentara perlaya, tapi sadayana rayat Pajajaran salamet. Janten, tentara karajaan Islam jaman baheula mah maehan teh sanes ka rayat, tapi ka tentara sareng para pamingpinna (na ari ayena ? conto Palestina). Waktu harita sabagian rayat pajajaran lolos ti karaton nuju ka gunung Kendan. Padahal, eta tempat teh nampeu pisan jeung Banten. Tah tiharita rayat Pajajaran nyebut dirina urang Baduy. Matak nepi kaayeuna urang Baduy mah aralimeun disebat urang Pajajaran, bisa-bisa ambekkeun. Cag




Catatan leutik, ngeunaan Prabu Siliwangi

Jenengan nuju alit: Pamanahrasa, saparantos jadi prabu anom robih jadi Jayadewata.

Jayadewata, teh incu munggaran Prabu Wastukancana (Prabu Wangisuta). Jayadewata diistrenan jadi raja 2 kali. ngawitan ku Prabu Dewa Niskala, jadi raja GALUH, kadua ku Prabu Susuk Tunggal (mertua) jadi Raja Pajajaran, gelar SRI BADUGA MAHARAJA SRI SANGRATU DEWATAPRANA.Dua karajaan dihijikeun, sapertos ku Wastukancana Gelar Siliwangi kaceluk ku rahayat GALUH. pedah sikep tur perilakuna sarimbag sareng Prabu Wangi (Eyang buyutna nya eta Prabu Maharaja,nu gugur di BUbat, nya kitu seueur sarimbag sareng sikep Prabu Wastukancana/Prabu Wangisuta, (eyangna) nu leuwih condong merhatikeun rahayat, tur teu mikaresep kamewahan dunya.. Eta sababna dianggap sarua jeung Prabu Wangi, Dijadikeun pangganti Prabu Wangi, disebut we SILIHWANGI/ SILIWANGI.
Istri munggaran Siliwangi, NYI RAMBUT KASIH, putri Ki Gedeng Sindangkasih(Pamanna), teu gaduh putra. Ti istri kadua, NYI SUBANGLARANG putri pamanna keneh, Ki Gedeng Tapa). Subanglarang tos Islam, alumnus pesantren SYEH QUROO di Karawang.. Istri katilu, adi Prabu Amuk Murugul (putra Ptabu Susuk Tunggal), NYAI KENTRING MANIK MAYANG SUNDA gaduh putra SURAWISESA(putra mahkota,engkena jadi raja Pajajaran. ti Nyai Subanglarang, kagungan putra, WALANGSUNGSANG (ngadegkeun karajaan Islam Cirebon), RARASANTANG, jeung JAKASENGARA.tiluanana ISLAM. Cag
























Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger