Sabtu, 24 Januari 2009

Sajak Ki Umbara

Murahing Pangeran

Taun-taun henteu dipareng batian
panakane henteu aral ngarasula
tutulisan geus aya ti kalamula
iklas hate teu ngaborongkeun Pangeran

Rahmat Gusti lir cai pancuran herang
ngagelenggeng mayeng ngocor ngagolontor
henteu kiruh sumawonna lamun kotor
matak seger diinum ku nu hanaang

Ngucap sukur ka Allah nu sipat murah
geus keresa maparin panjang lalakon
gunung gede, gede keneh hate anu diijabah

Pamungkasna : " Ya Allah mugia eta titipan
mulus banglus hirup huripna teu mubah
mapay jalan nu dipirido ku anjeunna."

Dimuat dina Warga No.62 tgl. 20 Mei 1953

Katerangan :

Sandiasma ngaran aslina W.Ranusulaksana. Lahir di Bendungan,Luragung, Kuningan
tanggal 10 Juli 1914. Taun 1933 namatkeun Normaalschool Serang, sarta ngajar di sababaraha tempat. Taun 1954 lulus S.G.A
, saterusna jadi Kapala SMP Muslimin III Bandung.
Dina mangsa samemeh perang sok nulis dina majalah Parahiangan. Tulisan anu kaitung rada panjang judulna Djodo Pamindo ( Parahiangan 1937). Salian di Parahiangan, oge dina Timbangan (Tasikmalaya). Kalan-kalan osok nulis oge dina basa Indonesia.



...............................................................................






Saha ari AKI TIREM ?


Padumuk anu asalna ti Yaman Kulon, India Kidul anu aya di Lampung, daratang bari marawa anak incu saborondoyot pindah ka Jawa Barat, ngadegkeun kapuunan (satingkat RW) anu pupuhuna disebut Puun/panghulu/ratu/ pamingpin sorangan anu ngaran Aki Tirem Sang Aki Luhur Mulya. "Predikat AKI" sigana meunang harti geus kolot atawa gelar kahormatan kanu geus dikolotkeun ( Indonesiana mah "dituakan"). Ngaran wewengkona disebut Rajatapura anu ku urang Yunani disebut Algire. Ieu Rajatapura teh ayana di IABADIO (Jawa Barat) bagian Kulon, deukeut jeung APUYNUSA/pulo seuneu (Gunung Krakatau). Ngadegna kapuunan saecan taun 130 M, lantaran dina taun 130 M, sanggeus kadatangan Dewawarman ti wangsa/dinasti CALANKAYANA,Rajatapura mekar jadi ibukota karajaan SALAKANAGARA.
Taun 130 M kapamingpinan AKI TIREM SANG AKI LUHUR MULYA diserahkeun ka minantuna ,Dewawarman anu kawin ka LARASATI anakna Aki Tirem. Tidinya, eta kapuunan teh ngadeg jadi hiji karajaan SALAKANAGARA ibukotana RAJATAPURA.

Raja pamungkas SALAKANAGARA nyaeta minantu Dewawarman ka 8 anu mindahkeun karajaan ka derah basisir Kaler (Bekasi ayeuna), ngadeg weh karajaan TARUMANAGARA anu ibukotana SUNDHAPURA.


....................................................................................................
Jadi kudu dikoreksi, ahli sajarah
nu nulis dina sajarah Indonesia keur barudak,nyebutkeun yen “Kerajaan Tertua di Jawa Barat, Tarumanegara, rajanya Purnawarman (wungkul)" Kecap tertua ge teu keuna, sabab nu pangkolotna mah Salakanagara nu ngadeg taun 130 M.nepi ka taun 363 M. di wewengkon Pulasari Pandeglang. Jadi 400 taun samemeh jungjunan alam Rosululloh SAW lahir, di Sunda geus aya system pamarentahan, tatanen,jeung kaamanan. Cag














3 komentar:

  1. Upami kitu mah sajarah Indonesia kedah diralat atuh. Ulah ngabobodo urang Sunda.(Dedeng Hade/BMS - Kendari)

    BalasHapus
  2. Mun leres kitu, yen Raja "tertua" di Jawa Barat Salakanagara, ajengkeun ka para inohong Pendidikan kangge ngagentos seratan anu tos lami diedarkeun dina Sajarah Indonesia.(dr.H.E.Sulaeman Hadiwidjaja Sp.A Sulaeman,S/Subang Jawa Barat)

    BalasHapus
  3. Sok majengkeun blog fauzisalaka teh Kang. (Asep GP.S.Sos/Mangle)

    BalasHapus

Powered By Blogger