Rabu, 21 Januari 2009

Sajakna Tan Bie Hun

Anjeun Jeung Kuring


balebat ngan sajorelat
haneutna poyan geus lekasan
mangsa pecat sawed geus liwat
poe geus tengange manceran

dina angen-angen
janji rek menggok
lingsir reureujeungan
bareng nyawang layung tunggang gunung

tapi....... anjeun jeung kuring
moal saendengna ayang-ayangan
mana palita nu hurung ngaganteng
sampeureun leumpang peuting
busi surup memeh usum.

Tutugan Gunung Galunggung
maleman Lebaran Rayagung
Dimuat dina Warga no.143. tgl. 7 Agustus 1955




Tangtungan

kuring teu rek miceun anjeun saraswati
taya dangiang mun anjeun suwung
lila ka dewi mo aya sari

lain rek didua andika saraswati
najan rea nu
sakalungguhan jeung dewi
andika tetep jadi lambag keumbingan

gilap kaendahan anjeun saraswati
kiwari ula
h jang anjeun pribadi
lain wungkul keukeupaneun abdi - anjeun
kuring bos
en ku sesebutan
dewi saraswati jeung dewi saraswati

cing sumiratkeun sing walatra
insan
pangeusi alam lawas ngalanglayung
kabungbulengan kaedanan
hayang icikibu
ng teuteuleuman
na caha
ya kaendahan dewi

kuring jeung nu sauyunan
rek ngahaleuang tem
bang
makalangan ngareka sastra ngalukis
dewi saraswati jang balarea di buana lega

leuwih ti kitu saraswati
najan anjeun embung
abdi-anjeun sungkan
sulaman kaendahan dewi
ku kuring rek dipake bakti
ka ditu ka ditu ka Dat nu Hakiki.

Tina Warga No.146.tgl.30 Agustus 1955




Katerangan :
Sandiasmana Muh.Usman. Dilahirkeun di bandung dina taun 1929. Sanggeus namatkeun SR nuluykeun sakolana ka sakola Tekhnik bagian Radiotelegrafis di Jakarta, tapi samemeh tamat geus pindah deui ka Sakola Perikanan Bogor. Kaburu kapegat ku revolusi, nya asuk ka Angkatan Pemuda Indonesia (API).
Dina mangsa ngungsi ka Tasikmalaya sering ngabandungan tableg anu sering diajakan pikeun umum, nepi kapangharuhan jorojoy hayang bisa ngaji sorangan. Kabeneran aya Kiai anu kersaeun ngawurukan, nya terus masantren. Dina pamasrahan kadaolatan, pindah ka Banjar, masantren di pasantren Banjarsari. Tidinya nuluykeun sakolana.









Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Powered By Blogger