Rabu, 21 Januari 2009

SAJAK KLARA AKUSTIA (A.S.DARTA)


Kidung Sulanjana

Basa Anepaken ngajurit di Bubat
tameng emas ngolebat pedang
getih kuring ngahariring puji-puja

Basa Bandung diranjah musuh
seuneu hibar ngalentab Tangkuban Parahu
rebuan Anepaken tandang pertentang
cikal bugang kembang yuda
ngabela Ibu Pertiwi

Harewoskeun angin Priangan
Anepaken tacan nepi tamat tugas
cikal-bugang kembang yuda
beuntakeun panon waspada
belaan rayat tacan merdika

Pama 'yeuna Anepaken tandang terus
malati pasti ngahiliwir deui
dibarung lagu tandasih ka senapati.

Tina Panglajang no.8 th.I Agustus 1954


Talatah Anepaken

Keur N. di handeueul

Ieuh !
samemeh kuring ka Bubat

samemeh kuring ngajirim candi

nu dihal
euangkeun ku sakabeh senapati
ti heula geus bitot
ama
nyanghareupan kuring nu lain kuring

Kuring Anepaken ny
arita :
lain danalaga
nu teu dimunggaran ka danalaga
lain lalaki
nu embung wawuh ka diri pribadi

Kuring senapati
kuring nyieun waktu wawuh jeung diri !

Medan 45, 9-9-5
9
dimuat dina sk. Sipataheonan


Katerangan :

Klara Akustia (AS.Dharta) jaba ti make sandiasma di luhur, oge ngagunakeun sandiasma-sandiasma Kelana Asmara, Yogaswara, Langlangbuana jst.
Lahir jeung sarakan : ? Sakanyaho mah manehna anggota Lekra. Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia dijudulan :Rangsang Detik, kalua
r taun 1957.

.........................................................................................



Saciwit Ngeunaan Peristiwa BUBAT Dumasar Naskah Kuno PUSTAKA WANGSAKERTA.


Geus kanyahoan, yen Rd.Wijaya nu ngadegkeun Majapahit teh incu Prabu Rakeyan Darmasiksa ti karajaan Sunda. Sedengkae Prabu Hayam Wuruk (incu Rd.Wijaya) neruskan sumpah akina, nu MOAL NGAGANGGU BHUMI SUNDA. sabab Sunda teh luluhur Majapahit ti pihak laki-laki. Sumpah Rd.Wijaya teh diucapkeun di keraton Kawali basa ngadeuheus ,sarengsena upacara diistrenan jadi raja Majapahit) Tapi kusabab Gajahmada (tadina penyebar agama Budha ti Thailand teu apaleun kana sumpah Rd.Widjaya. malah ngembarkeun sumpahna sorangan(Palapa) hayang nalukeun Nusantara.
Pasukan Sunda nu datang ka alun-alun Bubat, ngan 100 urang, miang ti Sundakalapa make 2 kapal layar. (da datangna ka Majapahit rek ngawinkeun) nya eta; raja, prameswari, 2 urang patih (Rakeyan Sang Anapaken jeung Rakeyan Buyut Mantri), putri mahkota (Dyah Citraresmi Pitaloka),50 urang pengawal istana, sesana wanoja pangiring penganein .satepina ka alun-alun Bubat, Prabu Linggawisesa mgirim surat embaran ka Hayam Wuruk, ditarima ku Gajahmada (nu geus lila panasaran hayang nalukkeun Sunda, pedah sakuliah Nusantara malah nepi ka Philipina geus taluk, iwal Sunda ). Tanpa bebeja ka Hayam Wuruk, dibalesan surat raja Sunda, teh yen putri Dyah Citraresmi Pitaloka kudu diserenkeun sabage UPETI ciri takluk. Puguh we raja jeung para ksatrya Sunda asa dihina
Kajadian we pertempuran nu teu saimbang (100 urang dikepung ku 10.000 tentara Majapahit) urang Sunda tumpur, teu nyesa

.Sanggeus eta kajadian, salila 3 bulan Hayam Wuruk gering parna, nepi ka aya 7 kali na menta dihampura ka puseur dayeuh kawali, diluluguan ku pandita agama Hindu Mahayana, Sundayana jeung Tantrayana, bari ngirim 20 dongdang emas berlian minangka tanda bhakti tur handeueul.. Parmenta dihampurana, DITARIMA ku adi Prabu Linggawisesa,nu myuluran rakana jadi raja Sunda, salila putra mahkota WASTUKANCANA (adi Dyah Citraresmi Pitaloka, nu karek yuswa 9 tahun) can dewasa. Eta sababna teu kungsi kacarita aya serangan ka Majapahit, padahal 40 kerajaan di luar Sunda sayaga mantuan Sunda, mun rek nyerang Majapahit.
Akibat “peristiwa PEMBANTAIAN” (lain pertempuran) di Bubat ,sakur karajaan jajahan majapahit,kaasup Philippina ngamerdekakeun diri. Atuh Jenengan raja Sunda kawentar ka sakuliah Nusantara jenenganana seungit (wangi), mangka disarebut Prabu Wangi. Putrana, Wastukanca, disebut Prabu WANGISUTA, atuh buyutna, disebut Prabu SILIHWANGI (gaganti Prabu Wangisuta) robah jadi SILIWANGI. Ti harita, unggal raja Sunda nu nikah ka putri ti Majapahit(Tatar wetan) pasti dimakzul (diturunkeun tina tahta), saperti Sri Jaya Bhupati nu nikah ka putri Prabu Erlangga, jeung rama prabu Siliwangi (Linggadewata,raja Galuh) nikah ka putri ti Mataram Hindu. Unggal putri ti “wetan” disebut rara hulanjar,hartina wanoja buyut.
Catetan leupas sumpah bubat (tina lontar) : Nihan ta wuwusna rudiarana iking bhubat sabha,ksatrya sunda tan atemahan ring nagara pada jaya mami. “ Najan banjir getih, bedah di palagan Bubat, cadu ksatrya Sunda ancur ajen diri di lemahcai sorangan”. Cag.





























2 komentar:

  1. Lepat atuh nya, pami salah sawios parusahaan nu aya di Bandung ngangge lebel SUMPAH PALAPA.
    (Mumuh/Cibodas Majalaya)

    BalasHapus
  2. Satelit PALAPA, siga keren tapi geuning Gajah Mada teh rupina satru kabuyutan sareng urang SUNDA mah. (Yadi/Guru SD di Sukabumi)

    BalasHapus

Powered By Blogger